Meureun, nu ngurus nagara urang mah sararibuk nguruskeun 'ekonomi makro', tepi ka seni-budaya 'dicaplok' batur oge teu ieuh paduli.
Meureun, teu ngarasa 'aware' soteh sabab dianggepna eta teh teu perlu, euweuh pangaruhna ieuh kana perekonomian nagara.. Meureun, nagara msia mah aya departemen nu bener2 husus mikiran budaya, teu kabeh sacara berjamaah mikiran duit jeung tunjangan. Meureun, nagara msia aware pisan kana masalah budaya. Meureun, nagara msia mah nganggep hal ieu teh mangrupakeun asset atawa komoditi nu bisa dijual tur mahal, kusabab kitu salila eta budaya can aya nu ngaku sacara 'sah', nya diaku we ku manehanana. Meureun, eta ge meureun. Naha geuning? duka atuh.. meureun. iwan. Asep Hadiyana wrote: > Leres pisan aki Tams, abdi oge heran Malaysia kadieunakeun teh tingkah > polehna rada tojaiah. Ngakuna bangsa sarumpun, tapi sok uka-aku milik > anu diaku sabage dulur. > > Kaleresan ti KBRI Malaysia hadir oge kang Eka Suripto (urang Sunda ti > Cirebon upami henteu lepat mah). > > Hadir oge dina acara anu dimaksad teh 2 urang Telkom nyaeta kang Randi > Permana (urang Bandung) sareng pa Isworo (duka urang mana kawitna, ti > Jawa panginten, tapi kantos nyarios nganggo basa Sunda). > > Salamna, > Asep > > > > */Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote: > > Alaikum salam wr.wb,- > > Alhamdulillah sim kuring sareng rerencangan anu sami-sami ti > Indonesia oge sami-sami urang Sunda, pamohalan diulem (dijemput), da > puguh terang oge nembe maos surelek ieu. Acara sarupaning kitu > biasana gegeden KBRI sigahna diulem ngaluuhan. Masia teh ari di > Universiti anu aki tams terang mah paling teu kenging malih > diharamkeun anu kasebat 'Plagiat" kitu teh. Da eta we dina satiap > amaran ujian teh di kaca paling payun eusina larangan mahasiswa anu > disebat plagiat tadi, upami kapendak mhs ngalakukeun sarupaning > kitu, atanapi 'nyontek' , tiasa janten semester eta digantung, anu > hartosna dibatalkeun. > > Nanging rada aneh dina prak-prakan hirup kumbuh jeung tatangga > sapertos mintonkeun kasenian nagara sanes bari teu nyebatkeun yen > eta seni teh anu deungeun2, dilakukeun; asa kasebelan, tojaiah > sareng anu tadi, teu mere conto anu sae. Kedahna aya protes ti pihak > Indonesia, dina hal ieu ti KBRI we heula cing kumaha sikap Msia dina > kalakuan anu teu patut eta. > > Memang kuring nguping, Angklung urang oge tos dipatenkeun ku si Msia > teh, sigahna bae anu sanesna oge engke kahareup sigah kitu bae. > Kuring sacara pribadi ningal kasenian sorangan dipintonkeun diforum > dunia, nya sukur alhamdulillah, tapi kudu jelas disebatkeun > sumberna. Muga2 wae nagara sejen ngamaklum, yen eta seni teh memang > seni sanes ti Msia, margi urang oge sering konser ka mancanagara. > > Atuh kadituna langkung sae sagala milik urang teh dipatenkeun, > supados teu kajantenan sapertos nasib tempe dipatenkeun ku Jepang, > atuh Angklung dipatenkeun ku Msia. > > */Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote: > > Assalamualaikum wr. wb., > > Ping 17 Mei dijantenkeun WORLD INFORMATION SOCIETY DAY ku > International Telecommunication Union (ITU). Kemis ping 17 Mei > 2007 pas pribados sareng delegasi Indonesia sanesna nuju aya di > Kuala Lumpur ngahadiran acara pangeling-ngeling (celebration) > poe masyarakat informasi sadunya nu digagas ku ITU. > > Acara eta diselapan pesan video Program Desa Internet (PDI) > Malaysia. Aya anu pikakeuheuleun dina tayangan video eta teh > kumargi kacapi suling dijantenkeun latar padesaan di Malaysia. > Bu A. S. Soeria Atmadja nu jenten pupuhu delegasi waktos harita > oge sedih sareng keuheul ku tingkah polah Malaysia sapertos kitu. > > Wengina aya acara farewell dinner. Pribados mah henteu hadir > kumargi kirang resep kana acara-acara dinner teh. Bu A. S. mah > hadir. Enjingna anjeunna cacarios cenah dina acara dinner teh > dipintonkeun tari Sunda kalayan anu ngibingna oge lengkep > nganggo anggoan Sunda kalebet bendo. Saur anjeunna, Malaysia > henteu ngumumkeun eta ibing teh milik Indonesia. Eta anu jenten > sabab-musabab anjeunna tambih keuheul. Waktos bu A. S. naroskeun > ka panata calagra naha Malaysia mintonkeun seni anu sanes has > Malayu, diwaaler cenah eta teh mangrupi seni kontemporer di > Malaysia. > Deudeuh teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah > digembar-gembor ka mancanagara, malah ku nagri deungeun > dipintonkeun ka dunya internasional sabari henteu dijelaskeun > yen eta teh budaya Sunda. > > Wassalam, > Asep > > ------------------------------------------------------------------------ > Be a better Globetrotter. Get better travel answers > > <http://us.rd.yahoo.com/evt=48254/*http://answers.yahoo.com/dir/_ylc=X3oDMTI5MGx2aThyBF9TAzIxMTU1MDAzNTIEX3MDMzk2NTQ1MTAzBHNlYwNCQUJwaWxsYXJfTklfMzYwBHNsawNQcm9kdWN0X3F1ZXN0aW9uX3BhZ2U-?link=list&sid=396545469>from > someone who knows. > Yahoo! Answers - Check it out. > > > ------------------------------------------------------------------------ > Don't get soaked. Take a quick peak at the forecast > <http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/?fr=oni_on_mail&#news> > with theYahoo! Search weather shortcut. > <http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/?fr=oni_on_mail&#news> > > > ------------------------------------------------------------------------ > Got a little couch potato? > Check out fun summer activities for kids. > <http://us.rd.yahoo.com/evt=48248/*http://search.yahoo.com/search?fr=oni_on_mail&p=summer+activities+for+kids&cs=bz> > >

