Muhun leres pisan etah, kuring nambihan deuih. Upami urang atanapi nagara urang
palay majeng, sanggakeun wae urusanana ka ahlina, margi ceuk sakaol "lamun
perkara diuruskeun ,lain ku ahlina, tunggu wae kahancuran" kitu asana nguping
teh. Janten upami percanten kana eta "palsafah", duka ketang cenah mah anu
kagungan eta konsep teh Agama Islam, duka hadist duka ayat suci Al-Qur'an,
sareng duka ayat sabaraha deuih. Tapi kayakinan kuring memang, naon wae perkara
ari ku ahlina mah sing aya masalah oge moal saloba jeung sasulit jigah lamun
diurus kunu boloho ekstrimna mah.
Kumaha ari pamimpin nagara urang, baraya sadaya tangtos aruninga, partey2
jigah kumaha parebut jeng parasea hayang jadi pamimpin sigah aing pang bisana,
totonjolan, kajeun ngamodal heula oge, bagi2 artos (cenah money politics), ari
geus meunang kadudukan, duit anu modal tadi kudu balik deui, kumaha wae carana
mah da kuring ieuh anu kuasa meureun, naekeun itu naekeun ieu. Anggaran
digelembungkeun, nyunat itu ini, muhun hutang ti luar nagara, caritana mah keur
ngabangun, tapi cenah 30 % duka kamana, pasti moal ku patani di desa atawa
nelaya, sanes?? Gajih maranehna diheulakeun puluh2 kali lipet, gagayaan sigah
nu heueuh hayang laptop hiji sewang, bari bisa ge teuing atuh?? Da teu euleum2
geuning???. Tah anu kitu salah saha? Waleranana tangtos wangsul kana konsep di
luhur tadi. Ah jadi lieur ngabandunganana oge, mangga teraskeun.
Cag aki tams anu boloho tea.
Dulhalim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten ngiringan.
Pang-pang na mah majuna hiji nagara ditangtukeun ku kahadean para pamingpin
nagara jeung ulama.
Lamun pamingpin na hade, ulama na hade yakin nagara na ge pasti hade alias
maju.
Kumaha di Endonesia ???????????????
Tina sababaraha kali ganti pamingpin nepi jeung pajabat can aya hiji oge anu
hade,
Aya nu hade tapi teu bisa walakaya da euweuh batur (henteu kompak).
Kitu deui ulama na, nepi ka ayeuna ulam sibuk ngurus partai lain ngurus umat.
Loba ulama nu ngajual dakwah nepi ka pasang tarif sagala.
Jiwa pamingpin jeung pajabat pada-pada KORUP geus poho ka rahayat.
Kajeun seubeuh jang sorangan daripada nyesa jang batur.
Paribasa nu diajarkeun keur sakola euweuh nu dipalire contona Ulah nanya
naon nu rek dibikeun nagara ka urang tapi kudu nanya naon nu rek dibikeun ku
urang ka nagara
Conto leuwih nyata deui para anggota DPR kamari ribut hayang laptop, lamun
ceuk pamikir kuring mah da gajih geus gede terus manehna boga partai maenya teu
bisa meuli sorangan mah.
Pan hasilna ge jang nagara
..???
Tah kukituna salila jiwa pamingpin, pajabat jeung ulama masih jang diri
manehna sorangan jeung kelompok.
ENDONESIA MOAL MAJU-MAJU.
Nuhun,
Cag.
---------------------------------
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Asep
Hadiyana
Sent: Tuesday, May 22, 2007 4:37 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Sual jajah-jajahan
Solomon, nagri di tengah sagara Pasifik saurna mah nagara pangmiskinna
di dunya. Eta nagri teh geningan jajahan Inggris.
Finlandia, 900 taun (upami teu lepat) dijajah ku nagri tatanggana, Swedia.
Saatos eta dijajah ku Rusia 100 taun. Ayana kalebet nagri pangmajengna.
Janten, pribados sapuk yen henteu aya pakaitna antara mejengna sahiji nagara
sareng sajarahna anu kantos dijajah Inggris.
Majengna hiji nagara ditangtoskeun ku kaumna sorangan. Moal majeng sahiji
nagara atanapi kaum lamun kaumna eta henteu ngarobah nyalira.
Wassalam,
Asep
ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rada aneh oge lamun aya nu beranggapan dijajah ku Inggris bakal maju,
pedah ningali Singapur jeung Malaysia kitu? Na teu emut ka India, Pakista,
Srilanka, negara-negara Timur Tangah, Afrika nu dijajah Inggris loba oge nu teu
maju.
Komo Palestina mah malah tanahna ku Inggris dipasihkeun ka Israel. Dugi ka
ayeuna teu beres-beres. Perang teu anggeus-anggeus.
Janten nu ngarana penjajah mah teu aya nu hade.
Tapi nu penting oge urang ulah nepi dijajah ku bangsa sorangan.
Kumaha carana supaya kamerdekaan teh bener-bener lain ngan saukur tepi ka
pintu gerbangna wungkul, tapi keur karaharjaan.
Memang eta mah hayang dijajah Inggris teh saukur heureuy meureun, tapi keur
kanu sadar sejarah mah asa matak sedih oge, hehehe......
Baktos,
-ika-
6. ............naon deui nya? ah pokona mah lah hese rek majuna lah!
ngabuktikeunanan ku cara nyieun nagara sorangan, misah ti NKRI. bere tempo
saratus taun sugan. cing bisa teu maju? mun enya henteu, gabung deui ka NKRI.
heuheu. mun NKRI teu maju2 oge, menta dijajah deui we, engke mah ku Inggris
sugan.
---------------------------------
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers , not web links.
--
geocities.com/mangjamal
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us.
http://us.rd.yahoo.com/evt=48516/*http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7
hot CTA = Join Yahoo!'s user panel
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.