heuheu 
  ngiringan lieur ah...
   
  tiasa janten saupama aya kecap pagawean samemeh kecap maneh, kecap "maneh" 
teh nuduhkeun diri. Tapi teu konsisten, kecap pagawean samemeh kecap maneh teu 
salawasna ngandung harti jalma kahiji. 
   
  conto: aya rerencangan nu nyarita kieu: "urang nelepon maneh, ngan hanjakal 
manehna euweuh." atawa "heueuh ke urang nyampeur maneh."
  tah, naha mun diindonesiakeun teh jadi menelepon diri?
   
  jigana lain kecap maneh hungkul. kecap urang oge didinya satata jeung kuring 
(ind: saya) lain urang sadaya (ind: kami), manehna lain hartina (ind: dia), 
tapi anjeun. tapi ketang kami teh bs baduy bjana, hrtina kuring.
tapi duka ketang, boa babaturan teh salah nyarita bs Sundana? tapi ulah era 
cenah salah nyarita ku basa Sunda mah.
   
  baktos,
  Adit
   
  
khs579 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          noong sareret, jigana pikeun ngabedakeun iraha "maneh" hartina "kecap
ganti jalma kadua, jeung iraha "maneh" hartina "diri sorangan", bisa
ditoong tina pola kalimahna. 

upama "maneh" kakawinan jeung kecap gawe, jadi prasa "kecap gawe +
maneh", di dinya "maneh" hartina diri sorangan. contona: nyangsara
maneh, maehan maneh, nalipak maneh, jst. 

dina pola kalimah sejen, nalika kecap "maneh" sosoranganan teu
dipiheulaan kecap gawe, tapi dipiheulaan ku kecap bantu panunjuk, 
jigana lebah dieu hartina jadi "kecap ganti jalma kadua".

meureun, hehehe.

salam,
mh

1. nalika "maneh" sosoranganjadi 
--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mukaan kamus dina entri kecap "maneh"
> 1. KUBS LBSS : maneh; 1.kecap gaganti ngaran keur jalma kadua " ieu
buku bikeun ku maneh ka Kang Adun..", 2.diri pribadi,nyangsara maneh
anu hartina nyangsara diri pribadi, maehan maneh maehan diri pribadi,
sing bisa mawa maneh sing bisa campur gaul bari teu kudu kabawakeun ku
nu teu bener.
> 2. Dina Kamus Sunda-Sunda Satjadibrata : maneh, hartina gaganti
ngaran jalema kadua, 2. nuduhkeun diri pribadi
> 3. Dina Kamus Sunda Danadibrata : maneh ; gaganti ngaran jalema
kedua, 2. kecap pikeun nuduhkeun diri pribadi.
> dina kamus anu sanesna ge hartosna maneh ampir sami siga kitu.
> ( cing engke urang taroskeun ka ahlina dina waktos kursus budaya
Sunda.....sugan we teu hilap kitu ge....he he...
> )
> MSasmita.
> 
> ----- Original Message ----- 
> From: Djakaria Purawidjaja 
> To: [email protected] 
> Sent: Wednesday, June 06, 2007 12:37 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Seni rupa Sunda
> Ass ww, 
> Tetep aya kapanasaran, sugan aya nu tiasa ngawaler, naha aya
rambat kamalena kana budaya sunda ? Kaleresan aya rerencangan etnis
sanes sunda tapi ngartos basa sunda, ari pok teh mere komentar cenah
urang sunda mah sesuai bahasanya TIDAK PERNAH ADA YANG " BUNUH DIRI ",
yang ada kapan " MAEHAN MANEH "! Mangga pangjelaskeun, abdi mah dugi
ka ayeuna can mendak !
> Wass DP.
>



         

       
---------------------------------
Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. 

Kirim email ke