Sapamadegan kang Asep, urang Jawa teh balageur jeung someah. Sami sareng urang
Sunda, anu someah tur soleh mah someah jeung soleh we. Nu papada porenges oge
loba! Kuring pernah papacangan sababaraha kali sareng urang Jawa..."Serasa jadi
Hayam Wuruk"! ..hehe
Mun urang maca buku Babad Tanah Jawa atawa Asal-usul Orang Jawa atanapi oge
Falsafah Hidup Orang Jawa hilap deui ecesna mah, urang Jawa reueus "ngaku"
turunan Semar. Cenah baheula diturunkeun ti sawarga asana 3 rombongan
dewa/manusa nu bakal ngeusian pulo Jawa jeung Sumatra. Dua rombongan di pulo
Jawa, hiji di pulo Sumatra. Tina 3 rombongan eta anu maju/tumuwuh (survival)
ngan sarombongan anu bubuara di wewengkonan pulo Jawa pangkulonna. Mun tea mah
seueur keneh urang Jawa anu "ngaku" sapertos kitu...duka tah naha aranjeuna
pernah maca buku-buku anu diluhur kareueus urang Jawa kuanjeun? Keur kuring
mah, kalimah samodel kitu teh komo anu ngedalkeunana urang Jawa
sorangan...nambah ngandelan pamadegan yen eta kalimah-kalimah "bermuatan
politis" jaman Mataram jeung jaman nyebarkeun Islam. Politis tea pan sifatna
salian nehatif jeung positif aya oge anu abu-abu, malah meureun bisa langkung
ti abu-abu oge aya, duka ijo royo-royo duka bagedod.
Memang sok seueur patarosan-patarosan samodel kitu, atanapi kenapa ya minum
"teh" disini tidak pakai gula? Kenapa ya Sunda kan dekat ke kata Sundal?
Mimitina mah...rarasaan teh ngajak ngadu peureup wae. Lila-lila kuring nganggap
bebeledugan kitu diasupkeun kana geng "Stupid Question". Jawabanana mun henteu
make gorombolan "funny answer" nya ambringan "waleran peureus ka euceuna"
langkung cocog, keur kuring mah! Tapi mun urang maca buku alm pak Edi,
Kebudayaan Sunda I, ngeunaan hasil sensus penduduk pulo Jawa jaman Walanda, pan
taun 20-an atawa 30-an oge jumlah suku Jawa ampir 3 kalieun suku Sunda! Wajar
pan jeung lalampar deuih! Sing penting...mangan ora mangan, ngumpul!
Upami saur rencang mas Jaim...."selalu penuh pertimbangan" naha
patarosan-patarosan kitu tiasa digolongkeun pinuh tinimbangan, moal nyugak hate
batur? Ah....alesan, leuwih tegep gumantung pribadina sewang-sewangan sanes
Sunda, Jawa atawa Arabna!
Sumuhun eta, sakadang bibit-buit! Kacida alusna ratusan bangsa nu adat
istiadatna benten-benten dihijikeun jadi hiji, tapi naha sakapeung nu hoyong
disebat nu gaduh alpukah kalahka remen nyabit-nyabit bibit buit piwerejiteun.
Rupina leres panginten...tos fitrah manusa, urang mung tiasa usaha ngaminimais
bibit werejet pacengkadan, janten Endonesia nu gemah ripah loh jinawi, tapi
iraha? Sabar....Indonesia itu negara baru, ceuk Mrs. Jane, Antroplog Walanda nu
keukeuh ngaklaim yen geulisna teh turunan urang Sunda pedah dijurukeun di
Sukabumi!
Engke mun geus gunung Gede bitu, bral geura narindak tapi omat ulah ngaleret
katukang!
siporenges
Kang, urang Sunda mah balalageur, daek ngaku dulur ka urang Jawa. Lamun urang
Jawa sabalikna oge kitu, kacida alusna.
Tapi pernah kuring nyarita ka sobat urang Jawa pituin: "pak, setelah
mempelajari sejarah ternyata orang Sunda sama orang Jawa itu saudara".
Tanggapannana: "Tunggu dulu, siapa yang lebih tua ya antara orang Jawa dan
orang Sunda?" Jadi kacirina embung diaku dulur anu sadarajat teh.
Jadi inget waktu kuliah di ITB, mindeng ditanya ku urang Jawa: "Kenapa yah di
ITB banyaknya mahasiswa dari Jawa bukan dari Sunda?" eta teh patanyaan ti kaum
intelektualna. Pertanyaan eta karasan ku kuring mah meni nyeletit kana hate.
Hal ieu mangrupa bibit buit pecekcokan teh. Kuduna lamun Indonesia hayang aman
tingtrim mah tiap suku bangsa teh kudu silih hargaan, ulah ngarasa leuwih
unggul ti batan seler lainna. Mudah-mudahan wae bisa ngawujud kaayaan silih
hargaan teh.
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
---------------------------------
Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of spyware
protection.