Baraya.

Punten ka sadayana sim kuring bade ngomentaran perkawis postingan ti teh Ely
anu ceuk anjeuna ngangken geuliiiiisssss.

Yeuh teh Ely, naha teh Ely teu terang yen di milist ieu teh seueur sarjana
S1, S2, S3 oge S4.

Teu sakedik nu ngiringan milist ieu US anu sarukses anu tos tos di damel di
sakuliah dunya,

Kaimmpleng meureun ku teh Ely upami pendidikanana tos luhur kitu mah sareng
di damelna tiasa ka LN mah.

(kacuali upami teh Ely idiot, moal tiasa mikiran yen US teh palalinter).

Masalah rek tertarik atanapi heunteuna ka postingan teh Ely mah kumaha uing
weh, ulah dicaritakeun di awal. Mun rek mosting mah mosting weh.

Dibaca sukur teu di baca ge kajeun da teu sakabeh anggota milist keur salse.

Itu geura teh Ely, bet suudzon wae ka papada jalmi teh.

Saur saha warga KUSNET seuuer panganguran sareung pangsiunan? (na bet goreng
hate kitu atuh?)

Beu eta geura teh Ely nyangki warga KUSNET daya nalar na handap,

Emangna teh Ely daya nalarna geus luhur kitu? Cik hayang nyaho sim kuring
ari teh Ely lulusan mana?

 

Yeuh teh Ely.

Lamun teh Ely muslim meureun apal naon nu dimaksud beunghar teh? (nyaho
teu???)

Beunghar dina Islam lain beunghar ku materi. Tapi beunghar elmu, agama jeung
ngamalkeun elmuna ka sasama.

Yeuh teh Ely dunya mah moal dibawa paeh, jang naon mikiran batur nu beunghar
sagala. Ari teh Ely pangbeungharna ka sabaraha? (siga nu geus pangbeungharna
wae!!!)

 Beunghar di dunya mah nu nganilai na ge manusa keneh, tapi beunghar di
aherat mah nu nganilai na ge Gusti Alloh. Moal tiasa dikukumaha eta nilai
teh. (ngarti teu? Mun teu ngarti ngacung nya!!!)

 

Mun teh Ely teu ngarti keneh wae, siganamah nu disebut handap daya nalarna,
pangangguran, pangsiunan sareng nu sapopoe na ngan mikiran eusi beuteung
wungkul.

Teu lain nyaeta TEH ELY sorangan..

Ambek aing mahhhhh

 

Kirim email ke