Nembe, iseng mukaan Kompas akhir Juli, leres aya seratan Wa Sas, wilujeng Wa. Dina Kompas dinten ayeuna aya warta Kang Tedi nu disebatkeun ku Uwa tea..."Tedi Permadi dan Kertas Tradisional Sunda". Walah? kertas Daluang teh geuningan "aya artosan" nya?...lumayan pami dibudidayakeun mah tiasa ngaronjatkeun ekonomi rahayat di pilemburan. Sae, Wa.
ro2 --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Keur buku pracitak (naskah, bisa tina lontar atawa daluang atawa media lain), keur ngeuyeuban ieu rek aya samodel workshop nyieun daluang tina tangkal saeh, kaligrafi aksara Sunda (Kaganga), mangsi gentur, jeung paparbotanana nyieun daluang. Tempatna rek di gedong YPK nu di Jl. Naripan Bandung. > Salian ti eta acara teh hayang dibeungharan ku buku buku basa Sunda indie jeung dokumentasi indie boh foto boh video/film anu aya pakaitna jeung Tatar Sunda. > (Kamari kuring teh ulin ka Galeri Rumah Teh di Dago, Taman Budaya, ngadongdon Kang Tedi Permadi nu keur ngayakeun workshop kertas daluang tina tangkal saeh sakalian jeung workshop kaligrafi aksara Sunda, loba hasil karyana anu dipamerkeun). > Aeh enya basa sasih Juni ahir, sim kuring ngintun artikel ka Kompas Jabar, geuning dimuat dina ahir sasih Juli artikelna tiasa diaos didieu. > http://www.kompas.com/kompas-cetak/0707/28/Jabar/24651.htm > > MSasmita >

