Ayi Dulhalim oge baraya sadaya, aki tams maluruh sumber postingan Ely,
katohyan geuning, seratan Nofie Iman. Tah upami tos kapendak jenengan maluruhna
rada gampil naros wae ka Yahoo atanapi ka Google. Aki tams naros yahoo, nya
kapendak anu ngangken Elly teh pameget. Kapendakna tina komentar2 anu maos eta
seratan, maruji sae, nyebatna "mas" tah konci eta tiasa dijantenkeun dasar,
sigahna urang wetan sareng pasti pameget. Dipaluruh deui dina ramat lokana
kapendak oge profilena, mung nyakitu tea teu jirim wajahna, mung sapotong nuju
ngodok saku lancingan jean. Mung identitas sanesna jenengan leres Nofie Iman,
yuswa 33, lulusan S2 di Amerika widang Finance, janten pantes damelna sareng
pangalamanana dina eta widang. Ieu sadaya mung dugaan, sanes pasti. Janten
leres eta seratan teh diserat dina Blog anjeuna, teras di alihkeun ka milis us.
Hanjakal dikawitan ku kasombongan, sigah aing pang nyahona, sareng sigah
ngarendahkeun anggota milis us pedah anjeuna oge kalebet rengrengan
jalmi jegud nurutkeun daftar pang handapna.
Linggihna oge di Amrik sareng di Jogya. SMAna di Muhamadiah,teras ka UGM,
teras ka Amrik. wajar budak ngora kalawan pinter, tapi hanjeluna can tiasa
nguasai diri.
Kahade ieu mung dugaan hasil maluruh, supados urang anu maos postinganana teu
ragu sareng teu suudzon.
Dulhalim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya
Punten ka sadayana sim kuring bade ngomentaran perkawis postingan ti teh Ely
anu ceuk anjeuna ngangken geuliiiiisssss.
Yeuh teh Ely, naha teh Ely teu terang yen di milist ieu teh seueur sarjana
S1, S2, S3 oge S4.
Teu sakedik nu ngiringan milist ieu US anu sarukses anu tos tos di damel di
sakuliah dunya,
Kaimmpleng meureun ku teh Ely upami pendidikanana tos luhur kitu mah sareng
di damelna tiasa ka LN mah.
(kacuali upami teh Ely idiot, moal tiasa mikiran yen US teh palalinter).
Masalah rek tertarik atanapi heunteuna ka postingan teh Ely mah kumaha uing
weh, ulah dicaritakeun di awal. Mun rek mosting mah mosting weh.
Dibaca sukur teu di baca ge kajeun da teu sakabeh anggota milist keur salse.
Itu geura teh Ely, bet suudzon wae ka papada jalmi teh.
Saur saha warga KUSNET seuuer panganguran sareung pangsiunan? (na bet goreng
hate kitu atuh?)
Beu eta geura teh Ely nyangki warga KUSNET daya nalar na handap,
Emangna teh Ely daya nalarna geus luhur kitu? Cik hayang nyaho sim kuring ari
teh Ely lulusan mana?
Yeuh teh Ely
Lamun teh Ely muslim meureun apal naon nu dimaksud beunghar teh? (nyaho
teu???)
Beunghar dina Islam lain beunghar ku materi. Tapi beunghar elmu, agama jeung
ngamalkeun elmuna ka sasama.
Yeuh teh Ely dunya mah moal dibawa paeh, jang naon mikiran batur nu beunghar
sagala. Ari teh Ely pangbeungharna ka sabaraha? (siga nu geus pangbeungharna
wae!!!)
Beunghar di dunya mah nu nganilai na ge manusa keneh, tapi beunghar di
aherat mah nu nganilai na ge Gusti Alloh. Moal tiasa dikukumaha eta nilai teh.
(ngarti teu? Mun teu ngarti ngacung nya!!!)
Mun teh Ely teu ngarti keneh wae, siganamah nu disebut handap daya nalarna,
pangangguran, pangsiunan sareng nu sapopoe na ngan mikiran eusi beuteung
wungkul.
Teu lain nyaeta TEH ELY sorangan
.
Ambek aing mahhhhh
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.