si kuring (mun tea mah meunang ngaku) salaku warga KUSNET nu tos rada lami (ti 
waktu can aya keneh kukuncenan, harita keur aya keneh Bah Toto - TELKOM jeung 
Kang Dedeng Sutiana - Tapak Tiara Indah, umur babakan ge kakara bubulanan)... 

bade nyerat yen kahartos mun tea mah wargi enggal nu nembean maca postingan ti 
Kang Dudi langsung nga-vonis goreng ka Kang Dudi...
tapi mun urang macaan postingan Kang Dudi ti baheula-baheula keneh, pasti vonis 
eta teh moal langsung di-tiban-keun ka Kang Dudi...
komo mun harita apal pernah aya kasusna Kang Irpan Rispandi (sami jalmina mah 
sae, mun lantaran jiwa muda, jadi sumanget teuing - aya hubunganna sareng 
undak-unduk basa...)

sumanget naon tea cenah ?! kasus ieu saur si kuring aya keneh 
hubungan/sambungan sareng soal "undak-unduk basa" jeung "cawokah-na urang 
sunda" (cobi tingali postingan2 di Babakan nu tos kalangkung - utamina ka wargi 
enggal)...

perkawis cawokahna urang sunda, mangga bacaan deui postingan Nyi Misnem - Teh 
Puppy nu tos langkung (ngenaan "parabotan" / gagaduhan istri sareng pameget)...

lamun ku urang dititenan kalayan lalaunan, pasti katingali yen sabenerna mah 
Kang Dudi teh keur ngagugat "syahwatna" lalaki... utamina baca geura paragraf 
kahiji-na (paragraf tengahna mah eta alesan lalaki mun keur keuna ku sial gara2 
awewe...)

ka Kang Dudi, memang kudu dipikir heula sing asak... bilih matak geunjleung 
lantaran "rasa basa" tiap jalmi mah sok benten-benten...


jadi, ayeuna mah mendingan urang "cooling down" we lah...

punten ka para kuncen, nuju kokolot begog yeuh...


^_^
pengamat milist HAHAHAHA...




  ----- Original Message ----- 
  From: Dudi Herlianto 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, August 02, 2007 12:28 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] sajak AWEWE ---> keur Kang Ndud


  On 8/2/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


    Cik, uing mah hayang nyaho pembelaan ti Kang Ndud kuanjeun...




  --
  ki kuncen nomer dalapan,
  teu aya pembelaan ti kuring mah. sajak meunang kuring moal rek ditarik. eta 
ekspresi ka hanjeluan kuring ka sababaraha lalaki di ieu milis. geus sababaraha 
poe kuring macaan posting nu eusina ngajeleh awewe. aya nu ngamurah-mareh awewe 
cenah awewe mah tinggal ditingalikeun duit loba, imah agreng jeung mobil sport 
geus bisa dikukumaha. terus kamari nu nyebut (sapamaca kuring) sababaraha 
kajadian nu ayeuna keur karandapan ku urang kabeh salah awewe. 

  kitu wungkul ti kuring. sakali deui kuring moal mere pembelaan. ngan menta 
hampura we ka kabehan. kuring narima naon wae bule hideungna ti kuncen. kuring 
moal rek ngundurkeun maneh ti ieu milis... geus kagok asa di imah sorangan. 
ngan mun seug dikaluarkeun kuring narima kalayan ihlas. 

  cag ah.. kuring,


  dudi herlianto
  babakan fakultas 46 rt 02/04 tegallega
  bogor tengah
  bogor

  atawa

  banjarasih 53 rt 01/04 sarimekar
  jatinunggal
  sumedang

  081316994315

  -- 
  ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
  :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
  datiparang.blog.com . deha.wordpress.com . 
   

Kirim email ke