Wilujeng deui teh Elly anu geulis / Kasep...?! Resep ka teh Elly teh ngefans lah kuring mah,mani kayungyun keur geulis(ceuk manehna sorangan)teh, wanian deuih tur leber ku wawanen, mitnah kaitu-kadieu, tudah-tuduh tanpa bukti anu nyata...mere analisa anu sesat! keur sakabeh anggota Milis ieu bari nyariosna dina milis ieu keneh...HEBAT!! (cap jempol 4 nepi ka suku2) sabab milis urangsunda ieu teh leuwih ti 2000na anggotana teh...ngan ukur teh Elly anu nyongcolang dina widang ieu, terutami dina ngajejeleh batur,bari jeung teu wawuh-wawuh acan komo pijajauheun jeung ngaca heula mah kana diri sorangan...
ngan hiji we ti kuring mah ka teh ely nu geulis/kasep, upami bade posting masalah dihandap nya posting we atuh siga batur, "punten bade ngadugikeun postingan ti milis tatanggi"biasana oge kitu upami jalmi anu sehat mah,teu kedah nganggo prolog ngagogoreng batur, ngumbar fitnah ka nusanes nu ditujukeun ka sakabeh anggota milis ieu... bari berita na mah ngan ukur nembongkeun kakayaan batur, kakayaan teh Elly sorangan apanan... aeh enya da' pasti moal boga apan postingna oge ngan ukur diwarnet ketang nya?!..he..he.... tos ah....diantos deui seratan nu sejen na anu teu nganggo bumbu fitnah,sombang tur ngajejeleh batur komo ka UrangSunda sorangan mah,....wilujeng berkarya anu manfaat pikeun umat! -toni sofian-- From: ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> on 08/02/2007 10:38 AM Sent by: [email protected] Please respond to urangsunda To: [email protected] cc: (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC) Subject:[Urang Sunda] Mangga nyanggakeun. Wilujeng tepang akang anu kasep teteh anu geulis. Pribados ngartos anggauta milist KUSNET moal tertarik kana soal anu rada serius atanapi anu rada berat. Hal ieu dilantarankeun anggauta milist samodel kieu mah umumna jalmi anu pangangguran matuh atanapi pensiunan anu teu aya pacabakan deui, dari pada nganggur ngantosan maot. Aya oge sih mahasiswa, tapi umumna mahasiswa kuuleun malih panginten mahasiswa abadi ............. kitutah panalungtikan pribados anu sapopoena ngurus masalah sosial masarakat......... Tapi pribados bade nyobian posting e-mail anu rada serius, sanaos pribados yakin moal aya hiji oge anu bakal ngabahas ieu posting kulantaran daya nalar nu maca moal dugi, malah meureun aya baraya anu mikir dina utekna, tong boro ngabahas atawa mikiran posting Teh Ely, mikiran keur eusi beuteung pribadi jeung kulawarga wae teu nepi. Mangga atuh geura di aos ieu posting hasil "copy-paste" ti rerencangan di Bandung wass Ely anu geulis. Subject: Orang-orang Terkaya Indonesia dan Masa Depan Kita Orang-orang Terkaya Indonesia dan Masa Depan Kita Siapa saja sih orang-orang terkaya di negeri ini?

