Waalaikum salam wr. wb., Kang, henteu sadaya warga US kahudang emosi. Sae tah artikel anu diforward ku neng Eli teh diringkes ku kang Adenang. Leres maksadna neng Eli teh sae. Ayeuna kumaha tah urang Indonesia umumna, US hususna, menyiasati kecenderungan sapertos kitu? Panginten neng Eli, atanapi US sanesna, gaduh cara kanggo menyiasatina. Mangga lajengkeun dipedar! Salam Asep, NB: Upami di pacabakan pribados mah ayeuna teh nuju ngupayakeun supados industri jasa telekomunikasi ngagunakkeun kandungan lokal (industri manufaktur lokal) anu langgkung ageung prosentasena supados urang henteu tergantung teuing kana impor, supados devisa urang henteu seueur teuing kaluar janten milik bangsa sanes. Industri manufaktur telekomunikasi lokal oge didorong supados langkung kreatif / inovatif ngahasilkeun produk anu tiasa dianggo ku industri jasa telekomunikasi.
adenang59 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ass. Wr. Wb. Ngiring mairan kana postingan Eli nu Geulis. Postingan Ely aya dua provokasi. Kahiji provokasi Ely sorangan dina tulisan panganteurna, ngahudangkeun emosi warga US ku kalimat nu ngaheab pinuh hinaan. Provokasina kawilang sukses, kabuktikeun komentar nu aya loba nu kasinggung. Meureun manehna teh nalungtik kumaha dibaraca henteuna lampiran nu dialungkeun ku manehna. Memang tojai'ah jeung provokasi nu kadua, anu aya dina tulisan nu dialungkeun ku manehna (abdi yakin sanes tulisan manehna). Tulisan nu dialungkeun kawilang alus, ngandung provokasi yen pengusaha indonesia ka hareup bakal dikawasa ku konglomerat tipe "istant" nu sabenerna mah kolusi para "maling" duit ra'yat kalawan ditukangan ku penguasa jeung pengusaha nagara leutik model Singapur. Lain pikiraneun para ekonom jeung penguasa bae tangtuna oge lamun bener engke kahareup para pengusaha Indonesia model kitu bakal nguasai hajat hirup rakyat. Jigana mah nu miskin tambah miskin, nu beunghar tambah berkuasa di Indonesia teh. Tah si Neng Ely nitah ka urang sunda, baca...baca...baca.. tapi ku cara nu kontra produktif jadi urang na ge teu maca tulisan provokasi nu positif teh. ...... Hatur nuhun neng/cep Ely, insya Allah tos dibaca kalayan kahartos alungan artikelna mah. Wass. --- In [email protected], Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilejung tepang deui. Hatur nuhun disebat kasep. > > Artikelna panjang teuing teh, janten mung dibaca judulna sareng bagian luhur artikelna. Pribados mah maca koran oge seuseueurna mah mung maca headline hungkul. > > Pakait sareng judul artikelna, upami gaduh waktos kanggo medar, naha mungkin bakal aya urang Sunda anu tiasa beunghar tur kasohor, upamina wae janten konglomerat? > > Nuhun sateuacanna. > > Cag ah, > > Aschev Schuraschev Asep --------------------------------- Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows. Yahoo! Answers - Check it out.

