wilujeng tepang teh ely... nepangkeun sim kuring pun dikdik, ti purwakarta, alhamdulillah masih keneh kalebet ka tataran sunda, oge tiasa ngariung mungpulung di ieu milis. alhamdulillah kuring masih tiasa sakali2 noongan ka ieu milis sanajan teu unggal dinten oge. asa nembe tepang sareng teh ely nu geulis teh. sok atuh mangga nepangkeun heula ka sim kuring. mangga wae bade mosting naon2 oge di dieu mah, salami masih janten anggota sareng di un-moderated ku kuncen. teu kedah janten emutan pami eta postingan aya atanapi teu aya nu maos. hiji dua wae mah panginten aya weh nu maos teh. nya ari lebet kana kategori dina postingan teh ely mah, sim kuring masih jajauheun. mung alhamdulillah ari padamelan mah aya keneh, nyaa teu nganggur2 teuing lah. masih tiasa lah mayar telepon, cai sareng listrik mah.
mung sim kuring bade tumaros, dupi padamelan utami teh ely teh naon? nalungtik masalah sosial? sanes damel di depsos kan? pami di depsos mah atuh caket sareng sim kuring. atanapi di LSM sosial? atanapi tukang ngaduruk kuburan? aah nya teu langkung da eta mah padamelan sewang2an. dupi teh ely kantos nalungtik anggota KUSNET iraha? raraosan sim kuring ge tos janten anggota KUSNET tos lami, mung asa teu acan kantos sim kuring kabagian ditalungtik. oge teu ngadangu kantos aya panalungtikan ti nu geulis. cik atuh, sim kuring oge hoyong ditalungtik ku teh ely, komo saurna nu nalungtikna geulis mah, data2 mah tos sayogi naon anu diperyogikeun. upami teu acan kantos nalungtik, nya teu kedah nyebatkeun hasil panalungtikan, da eta mah panginten lebet kana kategori ngabohong tea, da ngabohong mah tos kantenan padamelan jalmi nu teu sae. upami leres padamelan teh ely nalungtik, naha atuh eta postingan teh kenging niron (saurna copy paste) ti batur? cik atuh nu hasil panalungtikan teh ely dialungkeun ka dieu. rada kirang sae pami niron hasil karya batur tapi teu dicantumkeun saha2na. eta teh namina ngabajak (mun ceuk bahasa sunda mah ngawuluku panginten nya?? ah duka...) diantos panalungtikan panalungtikan nu sanesna, diutamikeun anu hasil teh ely nyalira, sanes kenging niron ti batur. pami sae panginten dianggo, pami teu sae panginten bade diantep, tangtos sadayana ge bade diaos... (pami nuju janten pangangguran panginten... ) kaleresan sim kuring dugi kantor tabuh 6.30, langsung ka lembur/milis, maos ieu postingan teras mairan rada panjang teh da masih keneh enjing2. masih tiis oge ieu sirah teh. mangga lajengkeun. -dikdik- hapunten ka baraya nu sanes, bilih dina tata basana sim kuring kirang merenah. apal panginten ari daerah sunda rada ngaler mah nya .... :-) sawios teu kedah diemutan teuing atuh, da eta mah salah sahiji warna warni kahirupan. aya hideung aya bodas, aya lempeng aya bengkok... --- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng tepang akang anu kasep teteh anu geulis. > > Pribados ngartos anggauta milist KUSNET moal tertarik kana soal anu rada serius atanapi anu rada berat. Hal ieu dilantarankeun anggauta milist samodel kieu mah umumna jalmi anu pangangguran matuh atanapi pensiunan anu teu aya pacabakan deui, dari pada nganggur ngantosan maot. Aya oge sih mahasiswa, tapi umumna mahasiswa kuuleun malih panginten mahasiswa abadi ............. kitutah panalungtikan pribados anu sapopoena ngurus masalah sosial masarakat......... > > Tapi pribados bade nyobian posting e-mail anu rada serius, sanaos pribados yakin moal aya hiji oge anu bakal ngabahas ieu posting kulantaran daya nalar nu maca moal dugi, malah meureun aya baraya anu mikir dina utekna, tong boro ngabahas atawa mikiran posting Teh Ely, mikiran keur eusi beuteung pribadi jeung kulawarga wae teu nepi. > > Mangga atuh geura di aos ieu posting hasil "copy-paste" ti rerencangan di Bandung > > wass > Ely anu geulis. >

