Ngahaminan Mh,

Carita-carita model "titinggal" karuhun ieu ku bangsa sejen lain wae 
jadi sumber jadi bahan keur industri atawa ningkatkeun ekonomi, tapi 
malah dijadikeun model-model majemen jeung nu sejenna sarupa 
ngawangun kapribadian. Upamana wae, manajeman industri-industri 
Jepang kasohor ku "kaizen"-na anu dikali (B.Ind: digali) tina akar 
budayana. Atuh anyar-anyar ieu, profesor salah sahiji sakola bisnis 
anu sohor di Amrik nepikeun dongeng "Raja nyium Kodok" pikeun 
pangajaran kumaha pentingna kayakinan jeung tahan uji (B.Ind: 
keuletan) dina bisnis.

Di Sunda kumaha? Anu samodel "Kaizen" geus nyampak, upamanawa 
konsep "Galah Cidek Tinugelan" tina Sanghiyang Siksa Kandang 
Karesian (SSKK, ieu naskah kuno ditulis dina jaman Pajajaran, Sri 
Baduga Maharaja, nepi ka aya anu nyindekeun enas-enasna mah eta eusi 
naskah teh taya lian ti pandangan hirup raja jaman harita), eusina 
mah teu jauh jeung rumus manajemen "Kaizen-na Jepang. Pon kitu deui: 
Opat Paharaman, Pangimbuhing Twah, jeung Dasapasanta (sadayana aya 
dina naskah SSKK), eta kabeh estuning muitiara-mutiara anu luhur 
ajenna pikeun kasuksesan dina bisnis (etos kerja, jsb). Nyakitu 
keneh, frasa "ulah ngaralieukan ka tukang" tina Wangsit Siliwangi 
anu bisa ditafsirkeun yen hirup teh kudu "visioner". 

Hanjakal, di urang mah apan legenda Prabu Siliwangi-na oge ku 
sawatara golongan mah malah dioyag-oyag karana dipandang te luyu 
jeung kamajuan jaman. Muga-muga wae atuh kahareup mah urang Sunda 
jadi leuwih engeuh kana peperenian anu luhur ajenna anu nyangkaruk 
dina titinggal-titinggal karuhunna.

manAR


 

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> On 8/24/07, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >  Loba keneh, lalampahan anu ka alaman ku karuhun urang tapi naha 
animasina
> >  jol ti jepang, contona dragon ball, avatar the legend of aang, 
dongeng
> >  inuyasa oge aya, aya oge pangalaman anu can aya papada dina 
dongeng ti manca
> >  nagara.
> 
> enya kang euy, batur mah hebring pisan, hasanah budaya karuhun teh
> jadi sumber inspirasi keur dunya industri, utamana industri 
hiburan.
> jadi maranehna mah geus ngarasakeun warisan karuhun teh kacida
> pentingna, sabab diantarana bisa jadi sumber duit. ari urang 
kumaha?
> jigana wae urang mah dina sababaraha periode kungsi kasarung, atawa
> ayeuna oge masih keneh kitu. loba teuing noong kaluar, teu pati 
noong
> nu aya di lembur sorangan.
> 
> salam,
> mh
>


Kirim email ke