"Kasarung" memang maksudna "nyasab". Dina harti sejen, "kasarung" bisa oge dihartikeun "kadungsang-kadungsang". Ngan, dina lalakon Lutung Kasarung, anu kairong ku si kuring mah aya falsafah asal-usul manusa anu keur neangan jatidirina.
Oge, ceuk kang Gibson, dosen filsafat di UII (IAIN baheula) Sunan Gunungjati, Bandung, ieu mah: lalakon Lutung Kasarung teh ngebrehkeun filsafat (bangsa-bangsa) wetan (timur) ngeunaan jatidiri kalahiranan ka alam dunya ieu. Lebah dieu, tiasa dipariosan, upamana wae, 4 lalakon lalampahan jiwa atawa "Al Asfar Al Arba'ah" ti Mula Sadra). Mataholang konsepna: kaharmonisan jeung alam (kaasup jeung papada manusa), jeung babakti kana kamanusaan (KAM atawa Kewajiban Azasi Manusa, saur Kang Hidayat Suryalaga mah). Beda jeung barat anu filsafatna teh nundukkeun nu sejan tea (dialektika Hegel, dongeng- dongeng manusa perkasa model Hercules, jsb). Upama diteges-teges, lalakon Suna Ambu jeung Guru Minda teh rada ngaharib kana naon anu jadi udagan dina wacana Jamaliyyah jeung Jalaliyyahna anu Nyiptakeun (Pangeran). Luyu oge jeung pedaran "Tao dina Islam" (karangan sufi isteri, muslimah Sachio Murata ti Jepang, tos ditarjamahkeun kana basa Indonesia). Tugas manusa, ceuk cenah, babakti ka tilu indung: indung iman, nyatana Pangeran, indung cukang lantaran gelarna sakabeh alam, nyatana kanyaah Pangeran (welas asihna Pangeran), jeung indung anu jadi cukang lantaran manusa gubrag ka alam dunya (indung kandung). Pikeun hal eta, Guru Minda kudu neangan batur anu sabobot sapihanean, anu picontoeun, Purbasari tea (pon kitu deui, Purbasari oge sarua kudu bajoang neangan papasanganana). Saterusna, sakabeh kanyaho jeung pangabisa anu geus kahontal diketrukeun keur babakti kana kamanusaan: nyambungkeun silaturahim, ngertakeun bumi lamba, jeung miara kabuyutan. Wallohu'alam. baktosna, manAR Angsarogo? duka tah...cobi lalayaran atuh di google. --- In [email protected], "rosma_ilyas" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ngahamina Mang Omang... Amin. :) > Nuhun ah, nambihan deui katerang abdi yen "kasarung" teh nyasab. > > Bade tumaros, waktos nuju alit aya judul dongeng Mang Jaya,"Lutung > Kasarung Angsarogo"... tah, "Angsarogo" teh hartosna naon? > > Nuhun, > ro2 > > > --- In [email protected], "Oman Abdurahman" <o_arahman@> > wrote: > > > > Ngahaminan Mh, > > > > Carita-carita model "titinggal" karuhun ieu ku bangsa sejen lain > wae > > jadi sumber jadi bahan keur industri atawa ningkatkeun ekonomi, > tapi > > malah dijadikeun model-model majemen jeung nu sejenna sarupa > > ngawangun kapribadian. Upamana wae, manajeman industri-industri > > Jepang kasohor ku "kaizen"-na anu dikali (B.Ind: digali) tina akar > > budayana. Atuh anyar-anyar ieu, profesor salah sahiji sakola > bisnis > > anu sohor di Amrik nepikeun dongeng "Raja nyium Kodok" pikeun > > pangajaran kumaha pentingna kayakinan jeung tahan uji (B.Ind: > > keuletan) dina bisnis. > > > > Di Sunda kumaha? Anu samodel "Kaizen" geus nyampak, upamanawa > > konsep "Galah Cidek Tinugelan" tina Sanghiyang Siksa Kandang > > Karesian (SSKK, ieu naskah kuno ditulis dina jaman Pajajaran, Sri > > Baduga Maharaja, nepi ka aya anu nyindekeun enas-enasna mah eta > eusi > > naskah teh taya lian ti pandangan hirup raja jaman harita), eusina > > mah teu jauh jeung rumus manajemen "Kaizen-na Jepang. Pon kitu > deui: > > Opat Paharaman, Pangimbuhing Twah, jeung Dasapasanta (sadayana aya > > dina naskah SSKK), eta kabeh estuning muitiara-mutiara anu luhur > > ajenna pikeun kasuksesan dina bisnis (etos kerja, jsb). Nyakitu > > keneh, frasa "ulah ngaralieukan ka tukang" tina Wangsit Siliwangi > > anu bisa ditafsirkeun yen hirup teh kudu "visioner". > > > > Hanjakal, di urang mah apan legenda Prabu Siliwangi-na oge ku > > sawatara golongan mah malah dioyag-oyag karana dipandang te luyu > > jeung kamajuan jaman. Muga-muga wae atuh kahareup mah urang Sunda > > jadi leuwih engeuh kana peperenian anu luhur ajenna anu nyangkaruk > > dina titinggal-titinggal karuhunna. > > > > manAR > > > > > > >

