Ngahamina Mang Omang... Amin. :)
Nuhun ah, nambihan deui katerang abdi yen "kasarung" teh nyasab.

Bade tumaros, waktos nuju alit aya judul dongeng Mang Jaya,"Lutung 
Kasarung Angsarogo"... tah, "Angsarogo" teh hartosna naon?

Nuhun,
ro2


--- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Ngahaminan Mh,
> 
> Carita-carita model "titinggal" karuhun ieu ku bangsa sejen lain 
wae 
> jadi sumber jadi bahan keur industri atawa ningkatkeun ekonomi, 
tapi 
> malah dijadikeun model-model majemen jeung nu sejenna sarupa 
> ngawangun kapribadian. Upamana wae, manajeman industri-industri 
> Jepang kasohor ku "kaizen"-na anu dikali (B.Ind: digali) tina akar 
> budayana. Atuh anyar-anyar ieu, profesor salah sahiji sakola 
bisnis 
> anu sohor di Amrik nepikeun dongeng "Raja nyium Kodok" pikeun 
> pangajaran kumaha pentingna kayakinan jeung tahan uji (B.Ind: 
> keuletan) dina bisnis.
> 
> Di Sunda kumaha? Anu samodel "Kaizen" geus nyampak, upamanawa 
> konsep "Galah Cidek Tinugelan" tina Sanghiyang Siksa Kandang 
> Karesian (SSKK, ieu naskah kuno ditulis dina jaman Pajajaran, Sri 
> Baduga Maharaja, nepi ka aya anu nyindekeun enas-enasna mah eta 
eusi 
> naskah teh taya lian ti pandangan hirup raja jaman harita), eusina 
> mah teu jauh jeung rumus manajemen "Kaizen-na Jepang. Pon kitu 
deui: 
> Opat Paharaman, Pangimbuhing Twah, jeung Dasapasanta (sadayana aya 
> dina naskah SSKK), eta kabeh estuning muitiara-mutiara anu luhur 
> ajenna pikeun kasuksesan dina bisnis (etos kerja, jsb). Nyakitu 
> keneh, frasa "ulah ngaralieukan ka tukang" tina Wangsit Siliwangi 
> anu bisa ditafsirkeun yen hirup teh kudu "visioner". 
> 
> Hanjakal, di urang mah apan legenda Prabu Siliwangi-na oge ku 
> sawatara golongan mah malah dioyag-oyag karana dipandang te luyu 
> jeung kamajuan jaman. Muga-muga wae atuh kahareup mah urang Sunda 
> jadi leuwih engeuh kana peperenian anu luhur ajenna anu nyangkaruk 
> dina titinggal-titinggal karuhunna.
> 
> manAR
> 
> 
>  


Kirim email ke