waktos kamari kaping 29 agust dinten rebo. jurusan sunda unpad ngondang mikihiro moriyama. dibaladahan ku pa dekan yen bade ngayakeun world class di jurusan sastra sunda. aya salasaurang mahasiswa nu naros ngeunaan kumaha ketak jurusan dina nyanghareupan world class ieu. diwaler ku kang miki, yen cenah kudu siap ngigelan jaman, kudu bisa basa sejen (utamana basa inggris), kudu bisa ngagunakeun komputer oge internet. lolobana mahasiswa sastra sunda mah kuuleun. malah aya nu karek diangkat asdos naros yen cenah lolobana mahasiswa nu abus ka sastra sunda teh sieun kana basa sejen. ari ceuk kuring pribadi mah sabenerna henteu oge. malah kuring mah abus jurusan sunda teh pilihan ka 1. rereana cenah nu milih sastra sunda dina spmb teh pilihan ka dua atawa pilihan ka tilu. aya deui babaturan saentragan nu nanya teh yen manehna bingung dina neangan gawe. lolobana pausahaan-pausahaan nanya elmu naon nu bisa diterapkeun di pausahaan ieu? justru kabingung eta nu ngajadikeun keur naon sih lulusan sastra sunda teh? ari jadi guru da kudu rariweuh heula miluan akta 4. komo eta mah pan geus jadi jatah upi jadi guru mah. ari ceuk ketua jurusan mah cnah keur entragan 2005 ka dieu sarat kelulusan teh toefl minimal kudu 450, jeung rek aya pangajaran komputer. (ieu dina nyanghareupan world class tea) rarasaan baheula keur jaman kuliah, budak sunda mah asa diapilainkeun. boro-boro ku ngasaan nincak ka lab bahasa. lab bahasa teh pikeun nu basa-basa sejen we.. (bari carinakdak)
aya deui adi entragan nu nanya, di dieu mah cenah pandangan batur teh mun aya nu abus ka jurusan sunda, keur naon sih bet abus ka dinya? geus puguh bahasa urang eta teh bahasa nu dipake sapopoe, naha di jepang ge kitu kang miki? kitu cenah ceuk eta budak nu nanya.. kang miki ngajawabna sarua wae cenah, di jepang ge kitu. meureun ceuk batur mah euweuh gunana nalungtik basa sorangan. meureun ka dituna ge moal maju. di dinya we hayoh.. Numutkeun kang Ganjar kumaha?? ~ipup~ (can lulus, sugan mun di acc enjing tiasa ngiringan sidang september) --- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sanes unpas -- tapi Unpad. Nuhun kana perhatosanana.

