Nuhun Ambu Bagja, mun kaci mah si kuring hanjakal karuh teu daptar ka
jurusan basa Sunda di Unpad. Harita mah di dipati ukur keneh. Aya babaturan
sakelas di SMA, saha nya ngarana he love. Angkatan 1986. ayeuna di pemda
ciamis, pns. Sanajan lain udagan jadi pns, tapi asana malah bisa mendunia
make ijasah sarjana basa sunda. 

Da kang Mike tukang intip reaktor nuklir oge ngalaman jadi dosen basa sunda
di universitas tokyo. Harita anjeuna nuju sakola master fisika kuantum di
eta kampus. Pendak sareng profesor bahasa nu nuju milarian nu tiasaeun basa
sunda cenah, semester eta basa Sunda diajarkeun minangka wakil ti indonesia.

Komo meureun mun bari neuleuman kasenianana mah. Bisa jadi dosen seni musik
atawa entomusic di kampus amrik. Da ari soal desain mah bule leuwih jago,
tapi ari seni urang mah, kuduna urang nu leuwih jago. Keur SD SMP aya kacapi
di sakola, tapi teu aya palajaranana atawa asa teu kungsi aya guru nu kersa
ngajarkeun. Tapi aya sobat lanceuk kelas nu sarba bisa. Hanjakal sigana
widang seni musik kitu mah aya unsur bakat. Si kuring teu bakat sigana.

Ayeuna rek nalungtik estetika sunda oge asa lieur. Rumasa akarna can kuat.
Ngan ukur modal cinta. Makan tuh cinta! Haha, eta dina novel Louisiana
Louisiana.

Sok atuh geura lulus. 

Bisa oge nerjemahkeun sastra Sunda ka basa inggris. Mun bisa mah aya yayasan
nu ngurusna. Siga Lontar (lontar.or.id). yayasan nu nginggriskeun sastra
indonesia.

Ari kang Hawe mah ayeuna ngeureuyeuh nyundakeun carpon2 inggris ka basa
Sunda, dina Cupumanik tea. Sawareh tos dibukukeun. Cenah pikeun mere
gembaran ka pangarang sastra sunda oge nu maca sastra basa sunda. 

Kuduna mah carita kabayan geus mendunia, ditarjamahkeun ka puluhan bahasa.
teu beda ti carita sawanda ti timur tengah siga ali baba atawa nasrudin
hoya, atawa dongeng HC andersen.

Ke januari 2007 kang Ajip Rosidi panceg 70 taun. Kudu aya nu neruskeun dua
puluh urang mah.


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Ambu Bagja
Sent: Thursday, August 30, 2007 12:05 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] world class sastra sunda

waktos kamari kaping 29 agust dinten rebo. jurusan sunda unpad
ngondang mikihiro moriyama. dibaladahan ku pa dekan yen bade ngayakeun
world class di jurusan sastra sunda. aya salasaurang mahasiswa nu
naros ngeunaan kumaha ketak jurusan dina nyanghareupan world class
ieu. diwaler ku kang miki, yen cenah kudu siap ngigelan jaman, kudu
bisa basa sejen (utamana basa inggris), kudu bisa ngagunakeun komputer
oge internet. lolobana mahasiswa sastra sunda mah kuuleun. malah aya
nu karek diangkat asdos naros yen cenah lolobana mahasiswa nu abus ka
sastra sunda teh sieun kana basa sejen. ari ceuk kuring pribadi mah
sabenerna henteu oge. malah kuring mah abus jurusan sunda teh pilihan
ka 1. rereana cenah nu milih sastra sunda dina spmb teh pilihan ka dua
atawa pilihan ka tilu. 

No virus found in this outgoing message.
Checked by AVG Free Edition. 
Version: 7.5.484 / Virus Database: 269.12.9/975 - Release Date: 8/26/2007
9:34 PM
 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke