ari WARNED mah sami sareng restauran,warung nasi pangintan nya !
 WARung  NEDa

Emana si Bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               siap 
lah MJ..
 ari abdi mun geus lulus rek naon nya? 
 hihihi.. ngurus si bagja we ah da leutik keneh.. 
 
 nyuhunkeun dorong du'ana mudah-mudahan lancar
 
 uih heula, margi ieu di warned.. inget ka budak.. ke enjing
 saparantosna bimbingan rek ka warned deui..
 
 ~ipup~
 
 --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 > 
 > 
 > 
 > Nuhun Ambu Bagja, mun kaci mah si kuring hanjakal karuh teu daptar ka
 > jurusan basa Sunda di Unpad. Harita mah di dipati ukur keneh. Aya
 babaturan
 > sakelas di SMA, saha nya ngarana he love. Angkatan 1986. ayeuna di pemda
 > ciamis, pns. Sanajan lain udagan jadi pns, tapi asana malah bisa
 mendunia
 > make ijasah sarjana basa sunda. 
 > 
 > Da kang Mike tukang intip reaktor nuklir oge ngalaman jadi dosen
 basa sunda
 > di universitas tokyo. Harita anjeuna nuju sakola master fisika
 kuantum di
 > eta kampus. Pendak sareng profesor bahasa nu nuju milarian nu
 tiasaeun basa
 > sunda cenah, semester eta basa Sunda diajarkeun minangka wakil ti
 indonesia.
 > 
 > Komo meureun mun bari neuleuman kasenianana mah. Bisa jadi dosen
 seni musik
 > atawa entomusic di kampus amrik. Da ari soal desain mah bule leuwih
 jago,
 > tapi ari seni urang mah, kuduna urang nu leuwih jago. Keur SD SMP
 aya kacapi
 > di sakola, tapi teu aya palajaranana atawa asa teu kungsi aya guru
 nu kersa
 > ngajarkeun. Tapi aya sobat lanceuk kelas nu sarba bisa. Hanjakal sigana
 > widang seni musik kitu mah aya unsur bakat. Si kuring teu bakat sigana.
 > 
 > Ayeuna rek nalungtik estetika sunda oge asa lieur. Rumasa akarna can
 kuat.
 > Ngan ukur modal cinta. Makan tuh cinta! Haha, eta dina novel Louisiana
 > Louisiana.
 > 
 > Sok atuh geura lulus. 
 > 
 > Bisa oge nerjemahkeun sastra Sunda ka basa inggris. Mun bisa mah aya
 yayasan
 > nu ngurusna. Siga Lontar (lontar.or.id). yayasan nu nginggriskeun sastra
 > indonesia.
 > 
 > Ari kang Hawe mah ayeuna ngeureuyeuh nyundakeun carpon2 inggris ka basa
 > Sunda, dina Cupumanik tea. Sawareh tos dibukukeun. Cenah pikeun mere
 > gembaran ka pangarang sastra sunda oge nu maca sastra basa sunda. 
 > 
 > Kuduna mah carita kabayan geus mendunia, ditarjamahkeun ka puluhan
 bahasa.
 > teu beda ti carita sawanda ti timur tengah siga ali baba atawa nasrudin
 > hoya, atawa dongeng HC andersen.
 > 
 > Ke januari 2007 kang Ajip Rosidi panceg 70 taun. Kudu aya nu
 neruskeun dua
 > puluh urang mah.
 > 
 
 
     
                               

       
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

Kirim email ke