Istrina adi beuteung, lulusan sastra sejarah Unpad, tadina damel di widang properti. ayeuna damel di pausahaan asing, ku cara ngalamar ngaliwatan internet. Pan teu aya hubunganana sajarah jeung properti. Tapi eta pun adi teh motekar, basa inggrisna oge lancar. Manehna ngadongeng ka kuring perkara pausahaan dimana manehn digawe. Pausahaan asing ieu "mempekerjakan" sarjana sagala bidang, kaasup sarjana sastra Jawa. Padahal eta pausahaan teh "bergerak" di widang anu aya hubunganana dina ngaronjatkeun kinerja pausahaan. Pun adi teh ayeuna kukurilingan wae ka Malaysia,Pilipina, Singapura, da aya cabang pausahaan di nagri eta. Ceuk manehna teh, hiji mangsa, engke rek dititah ngilu pelatihan di Amerika.
Hiji mangsa, pausahaan meunang order dititah ngaronjatkeun kinerja hiji pausahaan di Semarang, dimana kalolobaanana pagawe Urang Jawa. Tah,pausahaan eta ngayakeun pelatihan pikeun pagawe kalayan make tanaga sarjana sastra Jawa. Lain nanaon cenah, "pendekatan budaya" teh penting pisan, supaya kanyahoan, naon anu aya di "uteuk"na pagawe, adat kabiasaan naon anu dominan di urang Jawa anu bisa pikeun ngaronjatkeun kinerja pausahaan. baktos, mrachmatrawyani --- Ambu Bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > aya deui adi entragan nu nanya, di dieu mah cenah > pandangan batur teh > mun aya nu abus ka jurusan sunda, keur naon sih bet > abus ka dinya? > geus puguh bahasa urang eta teh bahasa nu dipake > sapopoe, naha di > jepang ge kitu kang miki? kitu cenah ceuk eta budak > nu nanya.. > > kang miki ngajawabna sarua wae cenah, di jepang ge > kitu. meureun ceuk > batur mah euweuh gunana nalungtik basa sorangan. > meureun ka dituna ge > moal maju. di dinya we hayoh.. > > Numutkeun kang Ganjar kumaha?? > > ~ipup~ > (can lulus, sugan mun di acc enjing tiasa ngiringan > sidang september) > > --- In [email protected], Ganjar Kurnia > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Sanes unpas -- tapi Unpad. Nuhun kana > perhatosanana. > > > ____________________________________________________________________________________ Check out the hottest 2008 models today at Yahoo! Autos. http://autos.yahoo.com/new_cars.html

