Kang Brad,
Hatur nuhun, kintunanna parantos katampi 2 dinten sateuacan boboran siam.
Nambihan info, saatos macaan info dina website Pemda Banten, tos kapendak
ayeuna mah wirehna Caniago ngutip sajarah Banten ieu tina "Banten Dalam Angka
2005" (anu ditandatanganan ku bu Ratu Atut) anu ngarujuk kana buku "Sekapur
Sirih Perjalanan Panjang dan Kronologis Terbentuknya Provinsi Banten 1953 -
2000 karya Drs. E. Iwa Tuskana Supandri.
Iwa Tuskana nyerat yen karajaan Banten atanapi karajaan Panten (ceuk inyana -
red) teh taklukan Majapahit. Sedengkeun kanyataannana Banten sareng Majapahit
teh aya dina jaman anu benten. Karajaan Banten mah ngadegna saatos munculna
Demak anu ngaruntuhkeun Majapait. Janten dumasar kana bukti-bukti sajarah, info
ti Iwa Tuskana teh henteu soheh.
Tapi matak heranna eta info henteu soheh ti Iwa Tuskana teh beut dianggo ku
Pemda Banten sareng BPS. Saha atuh nya Iwa Tuskana teh? Ahli sajarah kitu?
Padahal pan seueur ahli sajarah Banten anu moyan, kalebet bapa Husein
Jayadiningrat anu lulus cum laude di Walanda. Aya-aya wae Pemda Banten sareng
BPS teh.
Tapi eusi di wikipedia (versi basa Sunda, bahasa Indonesia, bahasa Inggris)
mah tos dirobih sahingga dumasar kana sumber-sumber sajarah. Mung PR anu teu
acan rengse teh nyaeta ngeunaan istilah Bantenese ethnic anu masih keukeuh
dipertahankeun ku saderek Caniago (padahal dina sumber-sumber bahasa Endonesia
henteu aya). Info tina buka kintunan kang Bred bade dikintunkeun ka anjeunna
wirehna Bantenese anu dimaksad teh hartosna sanes etnik tapi penduduk anu mukim
di Banten.
Salam,
Asep
NB:
SEJARAH SINGKAT BANTEN versi Banten Dalam Angka 2005 (hasil gawe bareng Pemda
Banten jeung BPS)
Banten sebagai nama suatu wilayah sudah dikenal dan diperkenalkan
sejak abad ke 14. Mula-mula Banten merupakan pelabuhan yang sangat ramai
disinggahi kapal dan dikunjungi pedagang dari berbagai wilayah hingga orang
Eropa yang kemudian menjajah bangsa ini. Pada tahun 1330 orang sudah mengenal
sebuah negara yang saat itu disebut Panten, yang kemudian wilayah ini dikuasai
oleh Majapahit di bawah Mahapatih Gajah Mada dan Raja Hayam Wuruk. Pada
masa-masa itu Kerajaan Majapahit dan Kerajaan Demak merupakan dua kekuatan
terbesar di Nusantara. Tahun 1524 1525 para pedagang Islam berdatangan ke
Banten dan saat itulah dimulai penyebaran agama Isalm di Banten. Sekitar dua
abad kemudian berdiri Kadipaten Banten di Surasowan pada 8 Oktober 1526. Pada
tahun 1552 1570 Maulana Hasanudin Panembahan Surosowan menjadi Sultan Banten
pertama. Sejak itu dimulailah pemerintahan kesultanan di Banten yang diakhiri
oleh Sultan Muhammad Rafiuddin (1813 1820) merupakan sultan ke dua puluh
setelah sultan dan rakyat masa sebelumnya berperang melawan penjajah.
Namun demikian perjuangan rakyat Banten terus berlanjut hingga detik terakhir
kaki penjajah berada di bumi Banten.
brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Asep,
Aya oge buku ngeunaan sejarah banten kenging urang Francis judulna
"Bantenese", kapungkur mendak ti Palasari. Tapi memang nu lengkep mah kagungan
Dr Edi nu bersumber ka Naskah Pangeran Wangsakerta.
Upami Akang peryogi, utamina kanggo ngalengkepan atanapi nguatan pamadegan
...dina seratan di mana bae...ku kuring tiasa dikintun ka akang.
Japri wae. Nuhun.
baktos,
siporenges
Sumuhun kang,
Tadi tos korespondensi sareng caniago wirehna anjeunna miwarang nyerat
rujukan. Samentawis eusi situsna dirobih deui ku anjeunna kalebet munculkeun
etnis anyar, bantenese, cenah mah ngarujuk ka website pemda banten sareng
prosentase etnis ngarujuk ka Indonesia's Population: Ethnicity and Religion in
a Changing Political Landscape. Institute of Southeast Asian Studies, taun
2003. Janten panasaran naha leres Institute of South Asian Studies ngadamel
etnis anyar sateuacan provinsi banten ngadeg. Jigana rujukan anu dianggo ku
anjeunna oge henteu valid.
Keun urang cobian disebat rujukan sajarah Sunda.
Salam,
Asep
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com