Waktu kuring keur leutik, aya anu nyarita cenah sasakala Sang Kuriang
(Sangkuriang) teh jieunnan Walanda pikeun ngarendahkeun martabat urang Sunda ku
jalan nyieun dongeng yen urang Sunda turunan anjing jeung turunan babi. Tapi
saenggeus manggihan sumber bacaan anu netelakeun yen Sasakala Sangkuriang teh
geus aya saacan Walanda datang, kuring jadi yakin pisan yen Sasakala
Sangkuriang teh asli warisan karuhun Sunda. Sumber bacaan kasebut nuliskeun yen
Bujanga Manik nyutat lalampahannana di wewengkon anu kakoncara ku sasakala Sang
Kuriang saperti kieu:
Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sakakala Sang Kuriang
Masa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan
Ngeunaan babi jeung anjing dina ieu sasakala mah ngarupakeun siloka. Hal ieu
pernah diguar ku salah saurang anggota milis urangsunda sababaraha bulan ka
tukang.
Dina sasakala Sangkuriang, dicaritakeun yen Dayang Sumbi nyieun akal supaya
Sang Kuriang henteu ngawin anjeunna. Dayang Sumbi menta Sangkuriang sangkan
manehna nyieun talaga (dano) jeung parahu dina waktu sapeuting. Liwat tengah
peuting dano geus jadi sedengkeun parahu ampir jadi. Dayang Sumbi nyieun akal
deui; kain bodas (boeh larang) hasil ninun anjeunna diabar-abar make kakauatan
gaib sangkan kaciri beureum siga cahaya panon poe. Sang Kuriang, anu ngarasa
kabeurangan, ambek pisan, parahu di talapung tepi ka nangkub. Parahu nangkub
eta jadi gunung Tangkubanparahu. Sesa bahan parahu anu kari tunggul jadi Bukit
Tunggul. Sedengkeun rangrang (ranting) sesa tangkal ngagunung jadi gunung
Burangrang.
Sasakala Sang Kuriang diturunkeun ti hiji generasi ka generasi saterusna
sacara lisan pikeun ngawartakeun yen di wewengkon sakuliah gunung Tangkuban
Parahu kiwari teh baheulana pernah aya dano, pernah aya gunung bitu waktu
peuting (seuneu tengah peuting anu caangna siga cahaya panon poe waktu isuk)
anu disusul ku munculna gunung Tangkubanparahu, Bukit Tunggul jeung Gunung
Burangrang.
Kronologi kajadian dina sasakala Sangkuriang akur pisan jeung hasil
panalungtikan para ahli geologi ngeunaan Gunung Sunda, Dano Bandung jeung
gunung Tangkubanparahu.
Ceuk para ahli geologi, wangunan gunung Tangkubanparahu kiwari jeung
sabudeureunnana saperti gambar dihandap ieu:
Ceuk para ahli geologi, oge ceuk kang T. BAchtiar, ahli Geografi, di antara
gunung Tangkubanparahu jeung gunung Burangrang aya hiji lengkob anu ngarupakeun
dasar kaldera anu disebut kaldera Sunda. Dina eta lengkob, aya Situ Lembang,
anu sisi kulonna diwatesan ku dingding anu manjang mimiti Lawangangin terus
melengkung ka kalereun Situ Lembang. Eta dingding teh mangrupa sesa kaldera
Gunung Sunda anu masih nyesa.
Meh tungtung kaler ti eta dingding, aya congcot nu dingaranan Gunung Sunda,
luhurna 1.854 meter ti beungeut laut (tbl.), hiji congcot leutik di satengah
lingkaran dingding kaldera Gunung Sunda. Ieu congcot teh lain gunung Sunda anu
sabenerna tapi sesa ti gunung anu leuwih gede anu geus bitu. Gunung Sunda anu
sabenerna mah diwangun ku awak gunung anu dasarna ± 20 km., sarta luhurna
ditaksir leuwih ti 4.000 m. lbl.
Ceuk kang T. Bachtiar deui, bisa jadi luhur nu sabenerna leuwih ti taksiran
eta, sabab, umumna gunung anu bitu nepi ka ngawangun kaldera nu jadi kawah
pohara gedena lolobana mah ngancurkan dua pertilu awak gunungna. Lamun kaayaan
ayeuna cong­cot pang luhurna 2.080 meter tbl., hartina eta teh ngan
sapertiluna ti luhurna Gunung Sunda. Dua pertiluna deui nyaeta bagian gunung nu
ambrug waktu eta gunung bitu. Ku kanyahoan luhurna hiji gunung, eusi gunung
jadi bakal kapanggih, geus kitu mah urang bisa manggihan darajat rongkahna bitu
hiji gunung.
Dina mangsa prasajarah, kira-kira 105.000 10.000 taun katukang, Gunung
Sunda kungsi bitu ngaluarkeun gas gunungapi anu pohara kuatna, disebut tipeu
plinian. Bitu gunung tipeu ieu mah nyababkeun matrial gunungapi disemburkeun ka
wewengkon anu pohara jauhna, nepi ka Ci Tarum kiduleun Rajaman­dala
kasaeur. Matrial gunungapi ieu mendet susukan Citarum Purba, anu ngakibatkeun
jadina dano Bandung.
Gunung Sunda bitu kadua kalina dina kira-kira 10.000 - 5000 tahun ka tukang.
Martial gunungapina harita keneh geus ngubur wewengkon anu lega pisan. Leuweung
geledegan anu aya mangsa harita, anu kaina sagede-gede dreum, kakubur bareng
jeung mahluk hirup nu aya di dinya, sato vertebrata badag siga badak, uncal,
jeung hippopotamus (kuda nil) nu keur ngareueum di ranca-ranca kiduleun
Rajamandala anu jauhna ± 35 km ti gunung Sunda. Areng kai saukuran dreum
kapangih di pangalaan keusik di Ciseupan cibeber, cimahi Kidul. Di dinya
pisan aya tangkal kai anu geus jadi areng ngagaloler ngarah datangna awan panas.
Ku sabab loba matrial ti jero gunung anu dikaluarkeun waktu eta gunung bitu,
bagian jero gunung jadi kosong. Hal ieu anu nyababkeun ambrugna sabagian gede
awak Gunung Sunda, ngawangun kawah anu pohara legana, anu nelah disebut kaldera
Gunung Sunda.
Ti sisi kulon kaldera mucunghul gunung anyar, nyaeta Gunung
Tangkuban­parahu, Gunung Burangrang jeung Bukit Tunggul.
Referensi:
T. Bachtiar, Dano Bandung Purba (Sundalana Seri 6)
Edi s. Ekajati, Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran, Pustaka Jaya, 2005
Salam,
Asep
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com