Aturan kedah aya muatan lokal pikeun sakabeh stasiun
televisi, hiji kasempetan pikeun ngusulkeun proposal
tayangan kadaerahan. Sok lah paheula-heula ngusulkeun
proposal kagiatan. Maenya tina 2000 an anggota KUSnet
teu aya anu bisa ngusulekun proposal pikeun tayangan
televisi. Rumah baca Uwa Sasmita, salah sahiji
contona.

Tapi sing ati-ati, tong jiga sinetron "si eneng dan
kaos kaki ajaib". Ceuk sofyan Djalil (menteri BUMN)
mah, loba carita atawa dongeng jaman baheula anu
heunteu ngadidik barudak pikeun jadi jalma junun
(jujur), kerja keras, pinter,jeung ngahargaan batur.
Dongeng si Kancil maling bonteng anu diajarkeun pikeun
barudak, ngabalukarkeun generasi urang jadi tukang
maling, ngahalkeun sagala cara, embung gawe cape,
jeung sajabina. teu aneh atuh lamun ayeuna mahabu KKN
teh, da baheula keur leutikna sok dibere dongeng Si
Kancil Maling Bonteng tea (meureun).

baktos,

mrachmat uidipura

--- Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sumuhun, leres bah.
>    
>   Namung Pemprov salaku pamarentah kedahna powerful,
> ulah eleh atanapi sieun ku dunya usaha. Ijin usaha
> pan dikaluarkeunnana ku pemprov. Sateuacan
> ngaluarkeun ijin usaha, pemprov kedah
> mempersyaratkan pausahaan panyiaran kanggo
> ngaalokasikeun waktos kanggo muatan lokal kasundaan.
> Upami pausahaan panyiaran henteu keresa. Nya ulah
> dipasihan ijin usaha. Hal ieu oge tiasa diterapkeun
> kanggo pausahaan anu tos kenging ijin dina waktos
> perpanjangan ijin engkena.
>    
>   Sabage informasi, kanggo analogi, di pamarentah
> pusat, dina widang telekomunikasi, pamarentah
> ngaluarkeun kawijakan enggal wireh pausahaan jasa
> telekomunikasi kedah ngagunakeun kandungan lokal
> kinten-kinten 20% - 40% supados henteu gumantung
> teuing kana impor. Hal ieu tiasa dianggo eunteung.
>    
>   Kitu panginten.
>    
>   Salam,
>   Asep
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke