Punteh bah,
Pirbados kantos ngomentaran seratan kang Oman; hususna ngeunaan pangdorong
pribados supados media massa (hususna televisi) nyairkeun muatan lokal
kasundaan. Kumaha tah abah sapagodos? Meungpeung izin penyiaran TV lokal tos
dilimpahkeun ka Pemprov, mangga atuh urang usulkeun ka Pemprov Jabar supados
RCTI, SCTV, ssjbn ngadamel muatan lokal kasundaan.
Salam,
Asep
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Urang teraskeun ah ngacapruxna.
Sawatara waktu katukang, tug nepi kiwari, di babakan
ieu, sering pisan dipagutrengkeun sagala hal anu aya
pakaitna sareng KASUNDAAN. Tapi (ceuk kuring, ieu
mah), teu nepi-nepi rek kamana brasna obrolan teh.
Meureun kusabab teu aya moderator anu ngarahkeun. Tapi
asana teh, Konsep/ide Abah Surya anu disawalakeun di
BAPPEDA Jabar, anu dipostingkeun ku Mama Manar (kang
Oman), anu rada tiasa nampung kana naon anu sok sering
di dipadungdengkeun di dieu. Ngan hanjakal, ngan
saeutik anu ngomentaran sacara leuwih jero, naon anu
dipedarkeun ku Abah Surya. Padahal, urang sadaya anu
nyorang jaman kiwari, bisa leuwih "membumikan"
konsep-konsep anu dipedarkeun ku Abah Surya. Sok
sanajan sacara strategis hal ieu cocok jadi pagunemen
di lingkungan birokrasi (BAPPEDA), tapi urang sakabeh
sacara praktikal bisa ngadadarkeun konsep-konsep Abah
Surya.
Ti Babaheula (maksud teh bareto, lain ti Cina heula),
kuring ngusulkeun, supaya aya samacam moderator, anu
tiasa nyimpulkeun, atawa ngarahkeun paguneman di milis
ieu, sahingga, "obrolan" heunteu jalan di "tempat".
Atuh pikeun anggota milis anu anyar, bisa ngabandungan
paguneman naon wae anu jadi bahan obrolan baheula.
memang, kudu daria dina perkara kieu mah. Sabab lamun
teu kitu, SUNDA ngan tinggal ngaranna wae. Atawa ngan
saukur jadi "monumen" di Wikipedia, anu ditulis ku
kang Kumincir Wikidisastra, salah saurang anggota "The
Last Samurai". (tingali tulisan kuring katukang anu
judulna aya The Last Samurai na).
baktos,
mrachmatrawyani
--- Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Recent Activity
16
New Members
1
New Photos
Visit Your Group
Ads on Yahoo!
Learn more now.
Reach customers
searching for you.
Y! Messenger
Instant smiles
Share photos while
you IM friends.
Real Food Group
Share recipes,
restaurant ratings
and favorite meals.
.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com