Sumuhun, leres bah.
Namung Pemprov salaku pamarentah kedahna powerful, ulah eleh atanapi sieun ku
dunya usaha. Ijin usaha pan dikaluarkeunnana ku pemprov. Sateuacan ngaluarkeun
ijin usaha, pemprov kedah mempersyaratkan pausahaan panyiaran kanggo
ngaalokasikeun waktos kanggo muatan lokal kasundaan. Upami pausahaan panyiaran
henteu keresa. Nya ulah dipasihan ijin usaha. Hal ieu oge tiasa diterapkeun
kanggo pausahaan anu tos kenging ijin dina waktos perpanjangan ijin engkena.
Sabage informasi, kanggo analogi, di pamarentah pusat, dina widang
telekomunikasi, pamarentah ngaluarkeun kawijakan enggal wireh pausahaan jasa
telekomunikasi kedah ngagunakeun kandungan lokal kinten-kinten 20% - 40%
supados henteu gumantung teuing kana impor. Hal ieu tiasa dianggo eunteung.
Kitu panginten.
Salam,
Asep
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Usulan anu sae.
Tapi biasana, ari kawijakan televisi mah sok beda
jeung pamikiran urang awam (pada umumnya). Ceuk urang
penting, can tangtu ceuk televisi penting, jeung eta
deuih sok nyabit-nyabit unsur komersialna, hartosna
teh lamun eta ditayangkeun naha kira-kira bakal aya
pamasang iklan anu rek jadi sponsorna.
Palingan oge anu bisa diperedih mah para pembuat video
amatir, jika kang Ray Bachtiar. Tapi eta oge
hambatanana teh perkara waragad.
Bappeda sabenerna mah bisa ngadanaan pikeun
dokumentasi video amatir. waragadna jauh leuwih murah
tibatan nyieun buku. Tapi nyaeta atuh, anu utama na
mah, kudu aya sakadang "pembisik" ka para pengambil
kebijakan.
baktos,
mrachmat uidipura
--- Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punteh bah,
>
> Pirbados kantos ngomentaran seratan kang Oman;
> hususna ngeunaan pangdorong pribados supados media
> massa (hususna televisi) nyairkeun muatan lokal
> kasundaan. Kumaha tah abah sapagodos? Meungpeung
> izin penyiaran TV lokal tos dilimpahkeun ka Pemprov,
> mangga atuh urang usulkeun ka Pemprov Jabar supados
> RCTI, SCTV, ssjbn ngadamel muatan lokal kasundaan.
>
> Salam,
> Asep
>
>
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com