hahaha....sae pisan dongeng teh Kang Jamal. baktos Kebo Hideung
----- Original Message ----- From: mj To: [email protected] Sent: Friday, October 26, 2007 4:59 PM Subject: [Urang Sunda] (4S) ka dokter Kamari sore ka dokter penyakit dalam atawa internist. Biasa dipaksa indung budak. Pedah leungeun kenca singsireumeun teu puguh, padahal teu aya gula napel di dinya. Oge sababaraha buku jari leungeun oge suku, duanana katuhu, nyeri. Basa ditanya naon nu karaos, nya didongengkeun, kacuali nyeri buku jari. Memeh dokter nyarita, langsung we ngadiagnosa karep, "pibeunghareun, panginten nya, dok?" Dokter Primal Sudjana keom. "hayu urang beunghar sasarengan, "pokna bari mariksa tensi, tenso jeung ngetuk2 dada jeung tonggong. Indung budak ngabejaan dokter soal nyeri buku2 jari, Dokter nalek, "kumaha riwayat panyawat sepuh? Aya nu gaduh panyawat gula?" Beu..ditanya ku pananyaan canggih dokter kota, ngahuleng heula. Rumasa boga kolot urang suku gunung. Terus we diwalon, "duka atuh dok, mung pun aki jenatna, tukang ngala lahang!" Terus ka apotek meuli obat ti resep dokter. Biasa aya matematika SD, 1x3 tea dina bungkus obat. "bu, ieu teh maksadna naon?" "eta obat dituangna sadinten tilu kali, ." "iraha?" "saparantos tuang" "Oh.aya teu obat nu dituangna saparantos pasea sareng istri?" Indung budak ngadelik. Palayan apotek gogodeg, lieureun meureun. heuheu

