Saminggu saacan acara HBH, kuring rerencepan ngabejaan ka kang Ndoell, moal bisa ka acara HBH, sabab mitoha dioperasi jantung, masih di rohangan ICU, jadi satiap waktu bisa wae kasorang masa-masa kritis. Jadi kuring jeung jikan kudu taki-taki.. Tilu poe ka hari H HBH, Teh Ika nalek via messenger, kumaha cenah jadi ngahadiran HBH. Soalna inyana kudu nyadiakeun LCD jeung laptop pikeun muter video dokumenter sakumaha anu geus diancang-ancangkeun ku panata calagra HBH.
Jumaah peuting, kuring narima telpon ti Kang Akos, ngajak ka Kiara Payung, itung-itung nostalgia HBH kahiji di Cimalati cenah. Enya, waktu HBH di Cimalati Sukabumi teh, kuring balik miluan kana mobil kang Akos. Harita teh salian kuring aya kang Tirta. Sok sanajan kakara wawuh jeung paamprok jonghok di Cimalati, tina hasil obrolan salila perjalanan teh, alhamdulillah jadi hiji konsep pikeun narekahan nanjeurkeun Kasundaan, diantarana sababaraha plan action dilaksanakeun KUSnet Jakarta. Bismillah, kuring ahirna ngiluan ka HBH, sabada rundingan jeung jikan, babagi tugas ngemitan di rumah sakit. Jangjina mah jam 8 kang akos rek ngajemput di gedong Antam Tanjung Barat.Jam dalapan persis kuring turut ti angkot di hareupeun gedong Antam. Kasampak Kang Ikmal Keur anjloco di lawang gedong. Teu lila aya mobil eureun, ari ditingali ka jero teh, aya kang Akos jeung Kang Tirta. Blus kuring jeung kang Ikmal asup, dius mobil ngarah ka gerbang tol Tanjung barat, mobil ngadingdius di jalan JORR (Jakarta Outer Ring Road), parat ka Bekasi., Cikampek, Cipulaang, nepi ka Kiara Payung teh pas jam 10. Kang Tirta lieuk deui lieuk deui ka tonggoheun gedong tempat pasamoan HBH ka arah Gunung Manglayang, siga aya sora gaib nu ngageroan. Gunung Manglayang teh, ceuk sakaol mah tempat dikuburna Pangeran Dipati Ukur. Tadina mah Kang Tirta jeung kuring rek jarah ka makam Pangeran Dipati Ukur. Tapi teu jadi, sabab bisi meakeun waktu. baktos, mrachmat uidipura __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

