Tadi sore kuring ka HBH Kusnet di Kiara Payung Jatinangor. Tepang sareng
Apih Siddik, Kang Ndoel, Kang Toni, Kang Boim, Teh Imas, Kang Kumi+Neng
Puppy+Bagja, Kang Ikmal, Neng Anita, Kang Hendri, Alo Runa, Kang Dipa sareng nu
sanesna......punten ka nu teu kasebat.
Kenging oleh-oleh ginseng Korea ti Apih, oge kaos ti Kang Toni.
Rame lah HBH teh, mung urang Bandung kamarana? Saurna tos marulih deui. Atuh
teu tepang sareng MJ, Ua Sas, oge Kang Oman.
Mung hanjakal panggilan negara menanti, hehehe...kudu balik deui ka kantor.
Ceuk Kang Toni mah, meni tisuksuk ti dungdung, hehehe.....
Wayah kieu, ceuk sms ti Kang Toni, keur karaoke-an. Rek dugi ka
enjing-enjing. Leuh resep nya.
Wilujeng ka panitia HBH Kusnet 2007.
Mugi lancar dugi ka rengsena.
Baktos,
-ika-
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com