hanjakal nya teu tepang kang, patilasan dipati ukur mah sanes di manglayang 
tapi di gunung palasari sapalihna manglayang ka kulon, di manglayang ti kirpay 
mah pami naek teh aya gedong beureum tilas jepang saurna mah nunda senjata 
jeung sajabana, oge aya guha lalay sumber cai ka kirpay + golf  oge unpad... 
mung sora2 goib mah memang sok aya cnah saur nu percanten mah tah ka kulonna 
aya batu kuda+oray tapa tea kang. mangga atuh iraha2 urang mapay ngulon geura 
ti manglayang dugi ka bandung, da umumna mah tos gundul leuweungna teh... 
hanjakal nya sapotong tanah sunda nu disebat KBU tea tos ruksak... boa bakal 
balangsak kapayunna mah kiduleun gunung2 sunda teh, utamina balangsak ku cai....
baktosna,

dmar

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
Saminggu saacan acara HBH, kuring rerencepan ngabejaan
 ka kang Ndoell, moal bisa ka acara HBH, sabab mitoha
 dioperasi jantung, masih di rohangan ICU, jadi satiap
 waktu bisa wae kasorang masa-masa kritis. Jadi kuring
 jeung jikan kudu taki-taki..
 Tilu poe ka hari H HBH, Teh Ika nalek via messenger,
 kumaha cenah jadi ngahadiran HBH. Soalna inyana kudu
 nyadiakeun LCD jeung laptop pikeun muter video
 dokumenter sakumaha anu geus diancang-ancangkeun ku
 panata calagra HBH.
 
 Jumaah peuting, kuring narima telpon ti Kang Akos,
 ngajak ka Kiara Payung, itung-itung nostalgia HBH
 kahiji di Cimalati cenah. Enya, waktu HBH di Cimalati
 Sukabumi teh, kuring balik miluan kana mobil kang
 Akos. Harita teh salian kuring aya kang Tirta. Sok
 sanajan kakara wawuh jeung paamprok jonghok di
 Cimalati,  tina hasil obrolan salila perjalanan teh,
 alhamdulillah jadi hiji konsep pikeun narekahan
 nanjeurkeun Kasundaan, diantarana sababaraha “plan
 action”  dilaksanakeun KUSnet Jakarta. 
 
 Bismillah, kuring ahirna  ngiluan ka HBH, sabada
 rundingan jeung jikan, babagi tugas ngemitan di rumah
 sakit. Jangjina mah jam 8 kang akos rek ngajemput di
 gedong Antam Tanjung Barat.Jam dalapan persis kuring
 turut ti angkot di hareupeun gedong Antam. Kasampak
 Kang Ikmal Keur anjloco di lawang gedong. Teu lila aya
 mobil  eureun, ari ditingali ka jero teh, aya kang
 Akos jeung Kang Tirta. Blus kuring jeung kang Ikmal
 asup, dius mobil ngarah ka gerbang tol Tanjung barat,
 mobil ngadingdius di jalan JORR (Jakarta Outer Ring
 Road), parat ka Bekasi., Cikampek, Cipulaang, nepi ka
 Kiara Payung teh pas jam 10.
 
 Kang Tirta lieuk deui  lieuk deui ka tonggoheun gedong
 tempat pasamoan HBH ka arah Gunung Manglayang, siga
 aya “sora gaib” nu ngageroan. Gunung Manglayang teh,
 ceuk sakaol mah tempat dikuburna Pangeran Dipati Ukur.
 Tadina mah Kang Tirta jeung kuring rek jarah ka makam
 Pangeran Dipati Ukur. Tapi teu jadi, sabab bisi
 meakeun waktu.
 
 baktos,
 
 mrachmat uidipura
 
 __________________________________________________
 Do You Yahoo!?
 Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
 http://mail.yahoo.com 
 
     
                               

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke