Hatur nuhun kana panggero "Goib" ti kang Dede. Insya
Allah kuring hoyong nedunan panggero goib Kang dede.
Bade ningali waktos anu rineh.
Mapay jalan ka Kiara Payung, meh sami jiga di Adelaide
University, Australia, anu kampusna aya di puncak
bukit. Upami daerah eta sadayana dikokolakeun kanggo
kampus Unpad, bakal jadi hiji kampus anu eksotis.Komo
deui caket ka patilasan Pangeran Dipati Ukur, tiasa
janten kanyataan, Kampus Unpad teh sanes berlokasi di
jalan Dipati Ukur, tapi aya di wewengkon dimana
dikurebkeun pangeran Dipati Ukur.

Ceuk sakaol mah,Pangeran Dipati Ukur "jago" diplomasi
sareng penjajah walanda, sagalan serba terukur, nu
matak dinamian Pangeran Dipati Ukur.

baktos,

mrachmatrawyani

--- dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> hanjakal nya teu tepang kang, patilasan dipati ukur
> mah sanes di manglayang tapi di gunung palasari
> sapalihna manglayang ka kulon, di manglayang ti
> kirpay mah pami naek teh aya gedong beureum tilas
> jepang saurna mah nunda senjata jeung sajabana, oge
> aya guha lalay sumber cai ka kirpay + golf  oge
> unpad... mung sora2 goib mah memang sok aya cnah
> saur nu percanten mah tah ka kulonna aya batu
> kuda+oray tapa tea kang. mangga atuh iraha2 urang
> mapay ngulon geura ti manglayang dugi ka bandung, da
> umumna mah tos gundul leuweungna teh... hanjakal nya
> sapotong tanah sunda nu disebat KBU tea tos
> ruksak... boa bakal balangsak kapayunna mah kiduleun
> gunung2 sunda teh, utamina balangsak ku cai....
> baktosna,
> 
> dmar
> 
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke