Abdi mah di Bandung, Kang* Ih, ari Kang GL sugan teh leres ngiringan HBH, boro we tarang abdi mani tikerung-kerung wae ngemut kasauran Wa Suryadi waktos nebeng uih tea (nuhun Wa*) yen salira teh teu ngiringan HBH* Aeh, muhun sanes Abdurachmansaleh tapi Abdurrahman asa teh di Bandung. Jaba pangkatna sanes Mayor luhur (Mayor Jendral) komo Mayor alit mah (Sersan Mayor) tapi Mayor "nengah"* duka pami urang Ci-Mayor Sumedang ketah heheh* beuki ngaco* Naha Neng Meri tara ngarendog deui atuh?... pedah sawahna janten aspal? Pan di pilemburan mah seueur keneh panginten sawah mah* Kantos milarian di internet info ngeunaan Patung Endog Sumedang, lebeng. Jiganamah kedah naroskeun kanu ngadamelna, da di www.sumedang.go.id ge teu aya. Deuih, diemut-emut asa aneh oge, pami aya patung tahu* wangunna mani basajan pisan mung pasagi we wungkul, rada aneh teh pedah carurentik kulitna. Ieu mah mung saukur ngimpen, kumaha pami digentos ku patung Bung Keng we atuh? Puguh, logona jalmi. Sanaos anjeuna Cina, eh China tapi tahuna raos tos kakoncara di sakuliah lemah cai* Patung endog langkung pantes mapaes wewengkon Brebes heheh* ro2
nb : nuhun salamna ka Teh Emme* salam deui kituh* >>> [EMAIL PROTECTED] 11/01/07 04:25PM >>> Aeh..... aeh ... bagja ah Teh Ro2 .......... linggih teh di Surabaya, sanes ...... !? Punten bilih lepat ...... Horeng ngiringan ngendog oge ..... !? he...he...he....... Harita oge sim kuring teh ngiringan oge HBH teh, tapi teu tepang, nya ........ emang ngan lelembutanna wungkul anu ngurunyung teh ....... da ari waraga kasar mah aya tebih di kuloneun Surabaya. Pangemut mah Teh Emme teh da di Jl M Abdurachman, sanes Abdurachmansaleh, punten ah bilih lepat ......... benten deui sih ........ Kamari waktos HBH oge tepang nya sareng Teh Emme ...!? Hanjakal ach, tapi keun wae da tos diwakilan ieuh ku si Teh Emme. Ngahanjakalkeun da atuh ........... ayeuna mah nu ngarangon meri/bebek teh tos teu arendogan ....... malihan mah pan ngangonna oge teu di sawah - tapi dina aspal, nya ..... Nya sok ach ...... salam kenal deui wae ti sim kuring nu linggih di Pulo Sarebu Pura. Wass, gl NB: Aya salam ti Teh Emme ..........

