Endog...endooooog....

inget kana sajak tukang endog,
anu dibacakaeun ku si Geheng basa keur 
peutingan HBH di kiara payung..


-dul-


--- In [email protected], "syam" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Lesmana,Punten nyobian ngengklokan.
> Patung endog anu sok disebat oge tugu endog, numutkeun kasauran 
sepuh, ieu teh mung ukur siloka. Sapertos nu kauninga dina endog aya 
cangkang sareng eusi. Atuh dina eusina aya tilu warna nyaeta 
beureum, koneng sareng bodas. Sadayana ngagambarkeun sajarah ,warna 
beureum sok disilibkeun ka urang walanda dina kanyataana kapungkur 
wewengkon sumedang hususna atuh indonesia umumna kantos dijajah kunu 
kulitna beureum nyaeta walanda, warna koneng sok disilibkeun ka 
sipendek jepang, sami eta ge parantos ngajajah bangsa urang, atuh nu 
katilu warna bodas sok disilibkeun ka urang cina anu kiwari geus 
ngawasa ekonomi bangsa urang. Dina uga sumedang ge dieceskeun, yen 
disakiduleun walungan cipeles ( kiduleun tugu endog oge) bakal 
seueur ngadeg toko toko cina. Mun toko toko eta tos ngadeg, sumedang 
bakal leungit dangiangna ( Wallohu alam ).
> 
> Dina tugu endog oge digambarkeun cangkang endogna teu buleud 
sakumaha endog ilharna tapi karancang, numutkeun sepuh deui ieu teh 
ngagambarkeun sumedang ngarangrangan tea anu kiwari corengcang 
ditinggalkeun (nyaraba) ku sabagean pangeusina. Nya balukarna jati 
kasilih ku junti.
> 
> Ceuk sakaol lamun tos dugi kaugana sumedang teh bakal balik deui 
ka jaman kaemasanana sakumaha baheula jaman sumedang larang.  Tah 
mun tos dugi ka ugana, nu kulit beureum, koneng sumawona bodas bakal 
paheula heula hayang ka sumedang. Atuh urang sumedang asli anu 
arincah ti lemburna (nyaraba), bakal baralik deui ngeuyeuk dayeuh 
ngolah nagara disarakan sorangan, nya nu disebat KEBO mulang 
pakandangan tea. Kiwari tos enyay enyay kaarah dinya, teu pamohalan 
da buktosna remeng remeng tos katingal sapertos proyek Jati Gede 
bakal ngadeg, akses jalan bakal ngabulungbung ku bakal ngadegna 
jalan tol cileunyi dawuan, atuh anu kulitna beureum,koneng sumawona 
bodas bisa nyirorot tijauhna terus ngagubrag ti tapel wates sumedang 
ku bakal diwanguna pelud international di wewengkon jati tujuh, 
janten turis asing boa bakal jadi investor sagala.
> 
> Tah kitu kang anu ka uninga ku abdi, deneng janten henteuna 
atanapi leres henteuna mah anu tos digambarkeun dina tugu endog eta, 
Wallohu alam. Ngan panginten intina mah urang salaku USA (urang 
sumedang asli) kedah tiasa ngigelan jaman tea, meh teu kaelehkeun ku 
nu beureum, koneng sumawona bodas. Ieu mah mung ukur kirata (dikira 
kira nyata) pami aya nu gaduh pedaran sanes mangga nyanggakeun.
> 
> baktos,
> syam ridwan 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Gan Lesmana 
>   To: [email protected] 
>   Cc: [EMAIL PROTECTED] ; Group Alumni-SMUNSA 
>   Sent: Friday, November 02, 2007 11:08 AM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Patung endog
> 
> 
> 
>   Aeh ... aeh ..... naha ari geus rada ngora mah kieu geuningan, 
nya ....... sok loba pohoan .... anu di Surabaya mah si Teteh saha 
geuningan .... duh hilap-hilap teuing ... anu di telkom tea ... 
punten atuh .......
>   Nya eta harita teh teu kabujeng bade miang ka HBH teh, kumargi 
kedah tos miang deui ku tugas ..... nya kapaksa wae diwakilan ku si 
Teh Emme tea .... keun wae ah da sami wae ..... Teu hilap 
ngahaturkeun nuhun ka Wa Suryadi nu tos ngersakeun ngajajap pun adi
 ....
> 
>   Hanjakal deui Teh Ro ........
>   www.sumedang.go.id teh meni "tidak / kurang informatif" duka 
naon anu diudagna teh atuh ..... sareng deuih meni seueur keneh anu 
te acan tuntas geuningan ...... Parantos eta oge ngintunkeun kiripik
 .....aeh .... kiritik, tapi teu aya waleranana oge tanggepanana
 ...... padahal teu disuhungkeun nggap wayang da ........Recent 
Activity
>     a..  16New Members
>   Visit Your Group 
>   Need traffic?
>   Drive customers
> 
>   With search ads
> 
>   on Yahoo!
> 
>   Food Lovers
>   Real Food Group
> 
>   on Yahoo! Groups
> 
>   find out more.
> 
>   Shedding Pounds
>   on Yahoo! Groups
> 
>   Read sucess stories
> 
>   & share your own.
>   .
>


Kirim email ke