Aeh ... aeh ..... naha ari geus rada ngora mah kieu geuningan, nya ....... sok loba pohoan .... anu di Surabaya mah si Teteh saha geuningan .... duh hilap-hilap teuing ... anu di telkom tea ... punten atuh ....... Nya eta harita teh teu kabujeng bade miang ka HBH teh, kumargi kedah tos miang deui ku tugas ..... nya kapaksa wae diwakilan ku si Teh Emme tea ... keun wae ah da sami wae ..... Teu hilap ngahaturkeun nuhun ka Wa Suryadi nu tos ngersakeun ngajajap pun adi ....
Hanjakal deui Teh Ro ........ www.sumedang.go.id teh meni "tidak / kurang informatif" duka naon anu diudagna teh atuh ..... sareng deuih meni seueur keneh anu te acan tuntas geuningan ...... Parantos eta oge ngintunkeun kiripik .....aeh .... kiritik, tapi teu aya waleranana oge tanggepanana ...... padahal teu disuhungkeun nggap wayang da ......... Manglebarkeun ..... ceuk sim kuring mah ...... cobi wae geura toongan kagungan kabupaten anu sanes .... meni sok sirik da ...... oge teu aya ling kanu ngadamelna / anu tanggel walerna ..... ach ... teu "komunikatif" wae ........ Cingan atuh tulungan .... ulah dugi ka ngisingan ... ech .... ngisinkeun ....... Ari nu rada bagja mah patung keur totonden di Sumedang mah, ceuk pendapat sim kuring mah, iwal ti nu di Cadas Panggeran sareng anu di Pertigaan Samoja, salian ti eta .... dihandapeunana pan aya jelas katerangan eta patung-patung teh ..... Emang kedah kitu sakedahna, janten jelas pan hakekat eta patung teh naon ........ Cingan atuh bobotoh-bobotoh Sumedang ..... pangngaguarkeun tah ......... Wass, gl ----- Pesan Asli ---- Dari: Roro Rohmah Kepada: [email protected] Terkirim: Jumat, 2 November, 2007 11:03:52 Topik: [Urang Sunda] Re : Patung endog Abdi mah di Bandung, Kang… Ih, ari Kang GL sugan teh leres ngiringan HBH, boro we tarang abdi mani tikerung-kerung wae ngemut kasauran Wa Suryadi waktos nebeng uih tea (nuhun Wa…) yen salira teh teu ngiringan HBH… Aeh, muhun sanes Abdurachmansaleh tapi Abdurrahman asa teh di Bandung. Jaba pangkatna sanes Mayor luhur (Mayor Jendral) komo Mayor alit mah (Sersan Mayor) tapi Mayor “nengah”… duka pami urang Ci-Mayor Sumedang ketah heheh… beuki ngaco… Naha Neng Meri tara ngarendog deui atuh?... pedah sawahna janten aspal? Pan di pilemburan mah seueur keneh panginten sawah mah… Kantos milarian di internet info ngeunaan Patung Endog Sumedang, lebeng. Jiganamah kedah naroskeun kanu ngadamelna, da di www.sumedang. go.id ge teu aya. Deuih, diemut-emut asa aneh oge, pami aya patung tahu… wangunna mani basajan pisan mung pasagi we wungkul, rada aneh teh pedah carurentik kulitna. Ieu mah mung saukur ngimpen, kumaha pami digentos ku patung Bung Keng we atuh? Puguh, logona jalmi. Sanaos anjeuna Cina, eh China tapi tahuna raos tos kakoncara di sakuliah lemah cai… Patung endog langkung pantes mapaes wewengkon Brebes heheh… ro2 nb : nuhun salamna ka Teh Emme… salam deui kituh…. ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

