Alhamdulillah geuningan ..... hatur nuhun Kang Syam ........
Kahartos pisan ku sim kuring naon hakekat siloka anu disurahkeun dihandap eta.
Nu utami mah apanan ayeuna tos rada aya gambaran kedah kumaha nyarioskeun
tonden si endog eta ......
Mung emang leres pami budak baheula mah pasti ngudagna teh kanu hakekat
wicaksana gending siloka pikeun ngalelempeng hirup jeung huripna manusa.
Komo upami ditambihan deui ku kawicaksanaan hakekat endog anu kagungan 3
perkara ...... cangkangna ...... bobodasna ...... sareng kokonengna ........
anu ngandung harti lega tur luwung pisan ......... Sok atuh kanu langkung
terang mangga tah kumaha atuh hakekat 3 perkara tina endog teh ....... mangga
parancakkan. Da ari sim kuring mah asa teu warasa teuing .... sieun salah
.......... Mung sakadar ngartos wungkul.
Cingan atuh ayeuna mah urang reka-reka kuurang wae ..... naon maksadna tonden
taman endog eta teh ...... saacan aya informasi anu jentre ti nu tanggel waler
nu ngendog di tilas eta pasar ........ Da ari gerentes hate leutik mah aya
hartosna eta teh ..... mung duka teuing atuh naon ....... Hampura ah
............
Hatur nuhun,
Wass,
gl
----- Pesan Asli ----
Dari: syam
Kang Lesmana,Punten nyobian ngengklokan..
Patung endog anu sok disebat oge tugu endog, numutkeun kasauran sepuh, ieu teh
mung ukur siloka. Sapertos nu kauninga dina endog aya cangkang sareng eusi.
Atuh dina eusina aya tilu warna nyaeta beureum, koneng sareng bodas. Sadayana
ngagambarkeun sajarah ,warna beureum sok disilibkeun ka urang walanda dina
kanyataana kapungkur wewengkon sumedang hususna atuh indonesia umumna kantos
dijajah kunu kulitna beureum nyaeta walanda, warna koneng sok disilibkeun ka
sipendek jepang, sami eta ge parantos ngajajah bangsa urang, atuh nu katilu
warna bodas sok disilibkeun ka urang cina anu kiwari geus ngawasa ekonomi
bangsa urang. Dina uga sumedang ge dieceskeun, yen disakiduleun walungan
cipeles ( kiduleun tugu endog oge) bakal seueur ngadeg toko toko cina. Mun toko
toko eta tos ngadeg, sumedang bakal leungit dangiangna ( Wallohu alam ).
Dina tugu endog oge digambarkeun cangkang endogna teu buleud sakumaha endog
ilharna tapi karancang, numutkeun sepuh deui ieu teh ngagambarkeun sumedang
ngarangrangan tea anu kiwari corengcang ditinggalkeun (nyaraba) ku sabagean
pangeusina. Nya balukarna jati kasilih ku junti.
Ceuk sakaol lamun tos dugi kaugana sumedang teh bakal balik deui ka jaman
kaemasanana sakumaha baheula jaman sumedang larang. Tah mun tos dugi ka ugana,
nu kulit beureum, koneng sumawona bodas bakal paheula heula hayang ka sumedang.
Atuh urang sumedang asli anu arincah ti lemburna (nyaraba), bakal baralik deui
ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara disarakan sorangan, nya nu disebat KEBO mulang
pakandangan tea. Kiwari tos enyay enyay kaarah dinya, teu pamohalan da buktosna
remeng remeng tos katingal sapertos proyek Jati Gede bakal ngadeg, akses jalan
bakal ngabulungbung ku bakal ngadegna jalan tol cileunyi dawuan, atuh anu
kulitna beureum,koneng sumawona bodas bisa nyirorot tijauhna terus ngagubrag ti
tapel wates sumedang ku bakal diwanguna pelud international di wewengkon jati
tujuh, janten turis asing boa bakal jadi investor sagala.
Tah kitu kang anu ka uninga ku abdi, deneng janten henteuna atanapi leres
henteuna mah anu tos digambarkeun dina tugu endog eta, Wallohu alam. Ngan
panginten intina mah urang salaku USA (urang sumedang asli) kedah tiasa
ngigelan jaman tea, meh teu kaelehkeun ku nu beureum, koneng sumawona bodas.
Ieu mah mung ukur kirata (dikira kira nyata) pami aya nu gaduh pedaran sanes
mangga nyanggakeun.
baktos,
syam ridwan .
________________________________________________________
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
http://id.yahoo.com/