Kang Lesmana,Punten nyobian ngengklokan.
Patung endog anu sok disebat oge tugu endog, numutkeun kasauran sepuh, ieu teh 
mung ukur siloka. Sapertos nu kauninga dina endog aya cangkang sareng eusi. 
Atuh dina eusina aya tilu warna nyaeta beureum, koneng sareng bodas. Sadayana 
ngagambarkeun sajarah ,warna beureum sok disilibkeun ka urang walanda dina 
kanyataana kapungkur wewengkon sumedang hususna atuh indonesia umumna kantos 
dijajah kunu kulitna beureum nyaeta walanda, warna koneng sok disilibkeun ka 
sipendek jepang, sami eta ge parantos ngajajah bangsa urang, atuh nu katilu 
warna bodas sok disilibkeun ka urang cina anu kiwari geus ngawasa ekonomi 
bangsa urang. Dina uga sumedang ge dieceskeun, yen disakiduleun walungan 
cipeles ( kiduleun tugu endog oge) bakal seueur ngadeg toko toko cina. Mun toko 
toko eta tos ngadeg, sumedang bakal leungit dangiangna ( Wallohu alam ).

Dina tugu endog oge digambarkeun cangkang endogna teu buleud sakumaha endog 
ilharna tapi karancang, numutkeun sepuh deui ieu teh ngagambarkeun sumedang 
ngarangrangan tea anu kiwari corengcang ditinggalkeun (nyaraba) ku sabagean 
pangeusina. Nya balukarna jati kasilih ku junti.

Ceuk sakaol lamun tos dugi kaugana sumedang teh bakal balik deui ka jaman 
kaemasanana sakumaha baheula jaman sumedang larang.  Tah mun tos dugi ka ugana, 
nu kulit beureum, koneng sumawona bodas bakal paheula heula hayang ka sumedang. 
Atuh urang sumedang asli anu arincah ti lemburna (nyaraba), bakal baralik deui 
ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara disarakan sorangan, nya nu disebat KEBO mulang 
pakandangan tea. Kiwari tos enyay enyay kaarah dinya, teu pamohalan da buktosna 
remeng remeng tos katingal sapertos proyek Jati Gede bakal ngadeg, akses jalan 
bakal ngabulungbung ku bakal ngadegna jalan tol cileunyi dawuan, atuh anu 
kulitna beureum,koneng sumawona bodas bisa nyirorot tijauhna terus ngagubrag ti 
tapel wates sumedang ku bakal diwanguna pelud international di wewengkon jati 
tujuh, janten turis asing boa bakal jadi investor sagala.

Tah kitu kang anu ka uninga ku abdi, deneng janten henteuna atanapi leres 
henteuna mah anu tos digambarkeun dina tugu endog eta, Wallohu alam. Ngan 
panginten intina mah urang salaku USA (urang sumedang asli) kedah tiasa 
ngigelan jaman tea, meh teu kaelehkeun ku nu beureum, koneng sumawona bodas. 
Ieu mah mung ukur kirata (dikira kira nyata) pami aya nu gaduh pedaran sanes 
mangga nyanggakeun.

baktos,
syam ridwan 

  ----- Original Message ----- 
  From: Gan Lesmana 
  To: [email protected] 
  Cc: [EMAIL PROTECTED] ; Group Alumni-SMUNSA 
  Sent: Friday, November 02, 2007 11:08 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Patung endog



  Aeh ... aeh ..... naha ari geus rada ngora mah kieu geuningan, nya ....... 
sok loba pohoan .... anu di Surabaya mah si Teteh saha geuningan .... duh 
hilap-hilap teuing ... anu di telkom tea ... punten atuh .......
  Nya eta harita teh teu kabujeng bade miang ka HBH teh, kumargi kedah tos 
miang deui ku tugas ..... nya kapaksa wae diwakilan ku si Teh Emme tea .... 
keun wae ah da sami wae ..... Teu hilap ngahaturkeun nuhun ka Wa Suryadi nu tos 
ngersakeun ngajajap pun adi ....

  Hanjakal deui Teh Ro ........
  www.sumedang.go.id teh meni "tidak / kurang informatif" duka naon anu 
diudagna teh atuh ..... sareng deuih meni seueur keneh anu te acan tuntas 
geuningan ...... Parantos eta oge ngintunkeun kiripik .....aeh .... kiritik, 
tapi teu aya waleranana oge tanggepanana ...... padahal teu disuhungkeun nggap 
wayang da ........Recent Activity
    a..  16New Members
  Visit Your Group 
  Need traffic?
  Drive customers

  With search ads

  on Yahoo!

  Food Lovers
  Real Food Group

  on Yahoo! Groups

  find out more.

  Shedding Pounds
  on Yahoo! Groups

  Read sucess stories

  & share your own.
  . 
   

Kirim email ke