owh..
jadi teu katingali kasepna nya ?
paingan, teu aya nu naros basa di kirpay teh..
hi hi

nu naros teh, urang kirpay we wungkul.
"ente jurig timana ?", ceuk salah sa-jurig bari seuri.
waosna ranggeteng koneng. Atuh, ngagebeg.
"ah...teu timana-mana, tos ti handap bieu mah.."
"lain..ari ente asalna ti mana (hhhrrrrrr....)?"
"owh, asalna mah ti kuningan.."
"Kuningan cirebon ?"
"enya"
"kana naon kadieu ? hiber ?"
"Ah kana beus ?"
"maenya jurig tumpak beus..."
"ih bae atuh, kumaha uing we"
"ari ente ngarana sahaaaa (hrrrr...)?"
"saha ? uing ?"
"Enya...."
"Jay .."
"Saha ?"
"Jaaaaay ...! "
"Ngelay ?"
"Jaaaay....!"
Ih...aya oge geuning jurig nu torek teh..
"Ngelay nya ? hade pisan ngaran teh,  rada sarua 
jeung nu kamari kadieu. ngakuna teh Jablay. Ngan
teu lila, da indit deui..jeung baturna."
"Heueuh..kumaha dinya we ah. uing mah rek dahar,
 laper".
"Haaar geuning jurig teh maneh mah laper.."
"Saha nu jurig ?"
"ente..."
"lain..."
"owh lain jurig ente teh ?"
"nya lain atuh.."
"Sugan teh jurig, seug ku uing ditanya..."
"naha kitu ?"
"puguh ge uing mah nanya teh ka jurig wungkul.."
"naha atuh bet nanya ka uing ?"
"heueuh sugan teh jurig..."
"bedul teh ...", tuluy ngaleos ka tempat dahar.


-dul-







-dul-

--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Naaaaa... tina endog loslos kana "bubuluan"? hihihi...
> 
> Tah, kitu... kurud Kang Ndoel, meh kasepna katingali, jaba 
lenglang...bersih jalan sasapuan heheh...
> Kacipta, sagala nyarangsang, nya tuangeun, leueuteun... komo 
korong mah hiiiiiyy...
> Kedah ka salon dikrimbat & diblow dibeberes ameh teu jembet & 
gimbal...
> Tiasa dikira-kira pami angger ngingu sabangsaning "rambut" dina 
raray, Kang Ndoel tengah tuwuhna jiga Jamal Mirdad, pami tos sepuhna 
jiga Affandi. Hueheheheh... (duh, ni resep ngarereca batur...punten 
nya Kang!)
> 
> ro2
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 11/03/07 09:54AM >>>
> henteu kang ndud...
> sajak nu di kirpay mah beda jeung sajak nu di cibatu..
> da harita dibere text-na..
> 
> kumis jeung janggotna rek dikurud ah, 
> bisi pajarkeun tino karno hirup deui..
> 
> -dul-
>


Kirim email ke