Punten ieu mah nya kanu kagungan perusahaan, da bongan 
  ditaros ku alkara_bdg, judul airline teh Adam Air tea.....
  harita abdi ti SIN - SUB nganggo Silk Air, rengse urusan 
  di SUB 3 jam nyambung ka CGK nganggo eta kapal tea...
   
  Tah upami nganggo Merpati mah sok aya bae boh kuehna 
  atanapi tuangna, kitu tah sakedik nu kaalaman ku pribados
  Kumargi kitu pangemut abdi pami lokalan mah masih raos
  numpak Merpati....deeeee jadi promosi tempat kuli baheula yeuh....
  Hapunten nu kasuhun ka pa moderator....
   
  salam'
  -usman-tampines st 21 sg-
  
Simkuring <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Dugika kituna nya kang Usman, pesawat trayek mana etateh kang?

Da simkuringmah kantos sababaraha kali nganggo pesawat Bandung-Jakarta, ti
sagedengeun pramugari anu ambucuy teh konsumsi na kasebat mundel lah,
dipasihan box karton bodas, nyah dibuka eusina lapis legit, kueh bolu
sapotong sareng lemper, nya ngaleeutna ku cai model aqua gelas tea, diseka
weh ku keretas tisu, padahal Bandung-Jakarta mung 25 menit, kadangkala nembe
nojoskeun sedotan, kapal tos nyirorot deui deuk mendarat, atuh si bolu teh
ileug ileugan dina beheung..

From: usman -

Kungsi kapaksa ngalaman nganggo lokal airline swasta, perjalanan

sajam langkung teh mung dipasihan sagelas cai herang 

hungkul....beu ! Numawi pantes pami saur Gan mah nyandak hayam sagala....


                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke