Wah na maca ge resep, komo pami ngiring mah. Waas, janten emut ka alm. Mang 
Ayat. Pami aya urang sunda nu sangem nyumbang peti wedel alhamdulillah, pami 
teu aya mah nya ngencleng we atuh Wa, pami teu kaabotan mah Uwa nu janten 
koordinatorna kencleng ngayakeun peti/kandaga. Punten Wa, ukuran peti/kandaga 
kirang langkungna sabaraha cm pasagi?
   
  salam
  JP
   
  
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Basa poe Saptu 3 Nop 07, kuring ngilu ulin ka Kabuyutan Ciburuy 
Garut, ngilu ka rombongan ti PSS, samobil pinuh, karunya anu kuru we, kadempet.
  Merenyeng hayang ngilu, pedah eta loba kacaturkeun apan di Ciburuy tempatna 
intelektual Sunda jaman bihari, nepi ka loba karyana dina wangun tulisan dina 
media daun lontar jeung nipah. Anu geus katalungtik nyaeta naskah Amanat ti 
Galunggung jeung Sewaka Darma. Hayang nyaho kumaha bungkeuleukanana naskah dina 
daun lontar di lingkungan aslina.
  Rombongan teh aya dalapan urang, kaasup Ceu Tien Wartini filolog ti Musium 
Sribaduga, malah Julian Millie ge ngilu, Julian antropolog ti Australi anu keur 
nalungtik perkara manakiban.
  Ti Bandung miang meh tabuh satengah sapuluh da ngadagoan Kang Dhipa nu rek 
nyupiran kasarean. Resep di jalan teh ari sarombongan jeung jalma nu "balageur" 
mah, sagala dikomentaran. Palebah Cibatu kuring ngagereyem nyambat Kang Deni. 
Di Garut tepung jeung Kang Darpan, da Kang Darpan nu jadi tuduh jalan. Geuning 
jauh keneh ti Garut ge aya kana 23 km ka Ciburuy teh, palebah desa Pamalayan 
jalan rada netek tur jalanna leutik ukur asup samobileun.
  Meh lohor kakara nepi ka anu dituju, kasampak panto gerbangna dikonci, atuh 
ngadagoan heula kuncen.
  Komplek Kabuyutan Ciburuy legana ampir satengah hektar (5230 m2), dibagi dua 
tempat utama, nyaeta Patamon jeung Padaleman. Di Patamon (patamuan, tempat 
narima tamu) aya tilu bangunan, leuit, bale tamu, nu hiji deui mah duka disebat 
naon, ngan didinya teh loba suluh.
  Ari di Padaleman mah ngan aya hiji bangunan, ngan lamun rek kadinya 
ngaliwatan heula sekat rohang, ceuk kuncen mah eta teh nunjukeun hambalan keur 
nuju ka nepi ka tempat utama, bangunan Padaleman aya di tungtungna.
  Rek asup ka komplek Ciburuy teu sagawayah kudu ijin heula ka kuncen. Malah 
dina poe Salasa jeung Kemis dipahing pisan, teu bisa narima tamu. Tamu anu 
kabaca dina buku tamu rupa-rupa pamaksudanana, aya nu nulis "maksud khusus" aya 
nu nulis neangan jodo, jste.
  Anu jadi kuncen ngora keneh, umurna kakara 27 taun, ceuk inyana jadi kuncen 
teh anu ka 124, turunan ti bapana.
  Rombongan teh kabeneran bisa ningali naskah jeung parabot sejen kayaning 
kujang jago, peso pangot, seuseukeut tumbak, loceng, anu aneh naha bet aya 
gunting jeung rurumah (frame) kacapanon sagala. Gunting wangun tungtungna cagak 
tilu, rurumah kacapanon mah siga dijieun tina tanduk atawa batok (sigana ieu 
barang mah titinggal kabehdieunakeun, atawa titinggal kuncen da asa pamohalan 
jaman abad ka 16 aya kacapanon, kumaha lensana).
  Anu matak prihatin, naskah teh dipetian bareng jeung parabot anu tadi, ngan 
naskah make heula kotak kai anu leuwih leutik, disebut koropak, tuluy dibulen 
ku lawon bodas, siga keur boeh. Petina aya tilu anu hiji leuwih gede, kurang 
leuwih ukuranana 70x50x50 cm, anu dua deui leuwih leutik, kira-kira 60x40x40. 
Peti nu leutik nu hiji deui geus koropok pisan, ceuk kuncen mah sok digorogot 
ku beurit. Beu kumaha lamun naskahna digegelan beurit.
  Naskah anu dibuka kamari ngan hiji, da cenah sabenerna mah teu meunang 
dibuka, ari dibukana sataun sakali dina bulan Muharam, sakalian diberesihan 
dina acara Seba.
  Sarombongan teh abong kena lolobana tukang nulis, waktu ngobrol jeung kuncen 
teh ting kusiwel kana catetan, anu pogot ngawawancara Kang Hawe jeung Kang 
Deden Abdul Azis katut baladna, ari kang Dadan mah pogot kana motret malah 
hayang dipotret di hareupeun hawu sagala. Anu ripuh Kang Atep Kurnia lantaran 
hayeuh bae dipenta tulung motret anu keur ngagaya. kang Dipa loba reureuh, 
sigana cape tas nyupiran. Ceu Tien loba nerangkeun wangun tulisan, disebutkeun 
dina kumpulan naskah teh aya nu make aksara Buda sagala. Julian mah ukur 
palahak polohok bari nyebut amazing amazing kitu.
  Kudu aya upaya nyalametkeun naskah, lantaran eta naskah teu bisa dibawa 
kaluar ti Ciburuy atuh anu perlu teh nyieun peti anu wedel, tina jati dibulen 
ku aluminium supaya teu teurak digegel beurit. Kamari ge aya kasapukan rek 
ngusahakeun nyieun peti, sugan we cenah urang Sunda aya nu haateun keneh.
  Bada Asar kakara mulang, di Garut nyimpang heula ka bumina Kang Darpan di 
Gordah. Tabuh lima sore mangprung ka Bandung, sakali deui palebah deukeut ka 
Cibatu ngagereyem deui ka Kang Deni Suwarja, hampura teu ngabejaan jeung teu 
kaburu nyimpang. Enyaan ngagereyemna kuring katampa ku Kang Deni da buktina 
basa Senem isuk-isuk nampa SMS neuteuli pedah teu ngajak jeung teu nyimpang. 
Hampura ah.
   
  MSasmita
    
     
  

                         


Makarya Mawa Raharja

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke