Ua Sas, hatur nuhun kana informasina.
Nitenan foto-foto nu dikintun, mani matak nalangsa. Urang Sunda di kota teu
saeutik nu geus jugala. Masjid jlug-jleg di Bandung pagede-gede, imah
paagreng-agreng. Na ari noong kana wangunan titinggal warisan budaya
karuhunna, ukur bedeng disarigsig bebekan awi. Beu, kacida teuing. (mh)

On 11/6/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Saena mah peti tina jati kolot dibulen ku aluminium supados teu
> digegelan beurit.
> Jumlah peti aya 3, hiji ageung dua deui rada alit.
> ukuranana nu ageung kinten-kinten 70x50x50 cm, nu alit kinten-kinten
> 60x40x40 cm, anu tos koropok pisan mah mung hiji, tapi upami bade digentos
> mending sakantenan we tiluanana. Ari soal ukuran mah katingalna teu kedah
> persis sareng nu aya, intina kedah tiasa ngawadahan sadayana naskah kalebet
> parabot tea, janten upami langkung ageung ti ukuran eta ge teu sawios.
> Mangga, janten koordiantor ge. Insya Alloh urang jeujeuhkeun.
> kang Tirta cik nga-sms ka abdi no hp 0817228521, no hp kang Tirta nu
> kapungkur leungit, malum hp kolot rada ririwit.
>
> Kang Hasa di KL, abdi teh moto sababaraha hiji, tapi hasilna awon pisan,
> alatanana mah rohangan padaleman teh poek pisan, nganggo blit ge teu mampuh.
> Sareng anu dibuka mung hiji naskah, hapunten foto naskah teu tiasa
> kapidangkeun, da gagal motona.
> Saleresna anu ngadigitalkeun naskah Ciburuy teh tos aya nyaeta Abah Ali
> Sastramijaya, saurna nuju dikeureuyeuh ditranskrip kana laten. Katingalna
> mah Kang Dadan nuju nyusud perkawis ieu.
> foto 28a parabot sareng naskah, 20a;21a latar luar padaleman,24a foto
> peti, 26a kuncen anom nuju muka peti, 18a ti luar lebet ka area padaleman
>
> MSas
>
>
>
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, November 06, 2007 12:12 AM
> *Subject:* US hudang euy! Re: [Urang Sunda] Ulin Ka Kabuyutan Ciburuy.
>
> ,_._,___ Wah na maca ge resep, komo pami ngiring mah. Waas, janten emut ka
> alm. Mang Ayat. Pami aya urang sunda nu sangem nyumbang peti wedel
> alhamdulillah, pami teu aya mah nya ngencleng we atuh Wa, pami teu kaabotan
> mah Uwa nu janten koordinatorna kencleng ngayakeun peti/kandaga. Punten Wa,
> ukuran peti/kandaga kirang langkungna sabaraha cm pasagi?
>
> salam
> JP
>
>  ----- Original Message -----
> *From:* mh <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, November 06, 2007 1:28 AM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Ulin Ka Kabuyutan Ciburuy.
>
> Ua Sas, cing aya fotona, panasaran jiga kumaha naskah lontar ciburuy teh.
> Urang Bali mah naskah lontar teh geus ditungtut dialihkeun kana digital dina
> wangun CD, garapan fakultas sastra UNUD. Sanggeus difoto terus ditranskripsi
> make aksara Bali digital.  Nyambung jeung komputerisasi aksara Bali. Kuring
> aya CD-na.
>
> Cikan urang UNPAD aya Kang Ganjar yeuh, tiasa digarap teu "DIGITALISASI
> NASKAH CIBURUY". Da teu hese ukur dipotret. Bisi kaburu beak dihakan beurit.
>
> salam,
> mh
>
>  
>
>

Kirim email ke