Kuring oge sapamadegan sareng Kang MH, kumaha upami sadaya naskah buhun teh disalin sinar ka wahana CD. Malihan mah, kamari teh ngobrol sareng Kang Tirta, program Digitalisasi naskah Sunda, cobi diangkat janten program unggulan KUSnet, dimana kapungkur kantos dilaksanakeun ngadigitalisasi Pustaka Sunda, buku terbitan tahun 1920 an, sareng bukuna "Rusdi jeung Misnem", anu tos janten "cap dagang" Neng Mpup.
Waktos kapungkur kantos ngobrol sareng kang Mumu, salah sawios dosen departemen sastra Daerah FIB UI, anu ngaduh rencana ngadigitalisasikeun naskah-naskah buhun, paparinan (alm) Mang Ayat anu aya di Kang Mumu. Tapi dugi ka ayeuna teu acan tiasa kalaksanakeun. Impian kuring mah, naskah Sunda buhun anu seueurna sapuluh peti di Musium nasional teh, samemeh dihakan ku rayap, digitalisasikeun heula, supados rada awet sareng tiasa ditalungtik ku generasi "berikut"na. Harita oge waktos pasamoan KUSnet Jakarta sareng (alm) Mang Ayat, kantos gagasan ieu teh "dilontarkeun". tapi masalahna nyaeta saha anu gaduh "otoritas" kanggo "ngutak-ngatik" naskah di Musium Nasional. FIB UI, asana teh teu patos "berkuasa" pisan, upami dibandingkeun sareng UNPAD. Komo deui ayeuna pupuhuna Kang Ganjar. Kumaha kinten-kintenna Kang Ganjar? Ceuk kuring mah, naskah-naskah Sunda buhun anu aya di Musium Nasional teh, mangrupi "missing link" urang Sunda pikeung ngahubungkeun sareng karuhun Bangsa Sunda Buhun. Upami wae, aya baraya KUSnet anu tiasa "mecahkeun" masalah ieu, hiji "terobosan" anu luar biasa pikeung nanjeurkeun Bangsa Sunda. baktos, mrachmatrawyani --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ua Sas, cing aya fotona, panasaran jiga kumaha > naskah lontar ciburuy teh. > Urang Bali mah naskah lontar teh geus ditungtut > dialihkeun kana digital dina > wangun CD, garapan fakultas sastra UNUD. Sanggeus > difoto terus ditranskripsi > make aksara Bali digital. Nyambung jeung > komputerisasi aksara Bali. Kuring > aya CD-na. > > Cikan urang UNPAD aya Kang Ganjar yeuh, tiasa > digarap teu "DIGITALISASI > NASKAH CIBURUY". Da teu hese ukur dipotret. Bisi > kaburu beak dihakan beurit. > > salam, > mh __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

