aya pangalaman saeutik kang. pernah hiji mangsa aya kaperluan ngadadak rek hiber ti jakarta ka borneo. asumsi kuring tiket manuk beusi garuda leuwih mahal ti nu sejen. tapi tetela salah. tiket lion, adam ngahargakeun leuwih ti 700rb, panasaran nanya ka garuda. geuning leuwih murah. fasilitas jeung konsumsina hade deuih. malah kamari mah tiap barudak dibere hadiah sagala. (mh)
On 11/6/07, Heryadi, Eddy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sesahna kang... kualatan perang harga... supados tiasa kenging harga tiket > anu mirah > nya kapaksa ongkos - ongkos produksi diteukteuk.. sabangsaning katuangan, > jumlah pramugari, gaji pramugari jst. > Tiasa ditingal sabaraha urang pramugari sareng menu katuangan upami naek > garudai dibandingkeun sareng airline swasta. > Upami hoyong sakelas sareng SQ ...nya urangna ge kedah siap ngodok saku > langkung jero....sakedik jalmi anu sadar kana perkawis eta. > Hehehe meureun eta oge... >

