Sakali mangsa ngahaja tiket teh make SQ alatan
jadwalna pas pisan jeung rencana, memang mun nguping
harga nu disebatkeun ku petugasna mah matak heneg....
Tapi sabanding lempeng (berbanding lurus -mksd na )
jeung servisna.....
Ari balikna make Emirates da beja ti babaturan teh
leuwih murah batan Value Air, sagedengeun eta bahasi
bisa dugi 40 kilo...atuh teu hariwang nyandak hasil bumi teh...
Pangalaman deui waktu masih kuli di salah sahiji airline
di lemah cai.....ari babaturan teh kaluar ngadon neangan
duit nu leuwih di pausahaan penerbangan lain, cenah..
sihoreng loba tekanan...ceuk kasarna nu kuduna eta spare part
diganti teh dipaksa kudu daek make nu heubeul padahal geus teu
layak pake demi ngejar harga tiket murah tea.........
cenah eta oge ceuk jinisna.....
Mudah-mudahan ayeuna mah teu kitu....
-usman-tampines st21,sg-
"Heryadi, Eddy" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sesahna kang... kualatan perang harga... supados tiasa kenging
harga tiket anu mirah
nya kapaksa ongkos - ongkos produksi diteukteuk.. sabangsaning katuangan,
jumlah pramugari, gaji pramugari jst.
Tiasa ditingal sabaraha urang pramugari sareng menu katuangan upami naek
garudai dibandingkeun sareng airline swasta.
Upami hoyong sakelas sareng SQ ...nya urangna ge kedah siap ngodok saku
langkung jero....sakedik jalmi anu sadar kana perkawis eta.
Hehehe meureun eta oge...
__________________________________________________