Kamari ngobrol sareng kang Marwan (rencang pasea dina ieu milis sual sajarah
Karawang sababaraha sasih kapengker) ngeunaan situs candi ageung warisan
Tarumanagara di Batujaya di Karawang. Malahan anjeunna ngajak sim kuring kanggo
ningali eta situs dinten Saptu ieu, Ngan hanjakal sim kuring henteu tiasa
nohonan pangajakna kumargi aya acara sanes dina dinten anu sami.
Dina obrolan eta, anjeunna ngadugikeun usulan kanggo ngadamel sareng
ngintunkeun proposal nyuhunkeun bantosan ka Toyota (kaleresan pabrikna aya di
Karawang) kanggo ngagali situs candi di Batujaya, da Pemda Jabar sareng
Pemkot/kab Karawang mah ngacul-liurkeun kana warisan karuhun teh. Namung cenah
hal lieu kedah dipadungdengkeun heula sareng unsur akademisi ku margi masalah
arkeologi mah caketna sareng paguron luhur. Denget ieu kang Marwan palay
komunikasi sareng kang Ganjar ngeunaan ha lieu.
Sakitu anu kapihatur, kanggo langkung jelasna, mangga kang Marwan lajengkeun.
Salam,
Aschev
____________________________________________________________________________________
Get easy, one-click access to your favorites.
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo.com/r/hs