Mun tulus mah minggu kamari kuring ulin ka Batujaya teh, hanjakal bolay
kumargi aya 'kaleresan' anu sanes, bae dibaeudan ku Kang Marwan ge (da
mimitina mah rerencanaan teh jeung manehna). Heuheu... Anu tulus mah barudak
Eded we, ulin di sabudeureun Karawang. Padahal, mun jadi teh dokumentasina
rek dipake ngabibita Kang Tirta c.s. Kusnet Jakarta! Heuheu...

Perkawis kahoyong anu didugikeun ku Kang Asep, sigana eta mah sanes damel
sateuacan mumuluk (lain gawe memeh mumuluk maksudna mah). Usulan kuring mah,
muhun lian ti ka Kang Ganjar, cobi oge tepangan Mang Hasan Jafar anu kamari
ieu nembe resmi kenging gelar doktor di UI dumasar kana hasil
panalungtikanana ngeunaan situs2 di Batujaya & Cibuaya (BMKS*). Kontak
awalna mah saha deui atuh, lian ti Kang Rahmat UI.

Sakitu bae heula panambah kuring mah...

*BMKS: bejaan mun kami salah (= CMIIW)

On 11/14/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Kamari ngobrol sareng kang Marwan (rencang pasea dina ieu milis sual
> sajarah Karawang sababaraha sasih kapengker) ngeunaan situs candi ageung
> warisan Tarumanagara di Batujaya di Karawang. Malahan anjeunna ngajak sim
> kuring kanggo ningali eta situs dinten Saptu ieu, Ngan hanjakal sim kuring
> henteu tiasa nohonan pangajakna kumargi aya acara sanes dina dinten anu
> sami.
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke