Baruk teh kang Kumi inisiator na teh.
Jigana leres kang Kumi teh dibauedan ku kang Marwan da gening sihoreng anu 
gaduh gagasannana malah henteu janten angkat.
Ulah kapalang atuh kang, mangga lajengkeun garapan gagasan teh, panginten da 
seueur nu bakal ngabantos boh moril oge materil.


----- Original Message ----
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, November 14, 2007 12:09:33 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Situs Candi Batujaya - Gagasan kang Marwan

Mun tulus mah minggu kamari kuring ulin ka Batujaya teh, hanjakal bolay kumargi 
aya 'kaleresan' anu sanes, bae dibaeudan ku Kang Marwan ge (da mimitina mah 
rerencanaan teh jeung manehna). Heuheu... Anu tulus mah barudak Eded we, ulin 
di sabudeureun Karawang. Padahal, mun jadi teh dokumentasina rek dipake 
ngabibita Kang Tirta c.s. Kusnet Jakarta! Heuheu...

Perkawis kahoyong anu didugikeun ku Kang Asep, sigana eta mah sanes damel 
sateuacan mumuluk (lain gawe memeh mumuluk maksudna mah). Usulan kuring mah, 
muhun lian ti ka Kang Ganjar, cobi oge tepangan Mang Hasan Jafar anu kamari ieu 
nembe resmi kenging gelar doktor di UI dumasar kana hasil panalungtikanana 
ngeunaan situs2 di Batujaya & Cibuaya (BMKS*). Kontak awalna mah saha deui 
atuh, lian ti Kang Rahmat UI.

Sakitu bae heula panambah kuring mah...

*BMKS: bejaan mun kami salah (= CMIIW)


On 11/14/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
Kamari ngobrol sareng kang Marwan (rencang pasea dina ieu milis sual sajarah 
Karawang sababaraha sasih kapengker) ngeunaan situs candi ageung warisan 
Tarumanagara di Batujaya di Karawang. Malahan anjeunna ngajak sim kuring kanggo 
ningali eta situs dinten Saptu ieu, Ngan hanjakal sim kuring henteu tiasa 
nohonan pangajakna kumargi aya acara sanes dina dinten anu sami.


-- 
sikandar
kumincir.blogspot. com 



      
____________________________________________________________________________________
Get easy, one-click access to your favorites. 
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo.com/r/hs 

Kirim email ke