Ari pamustunganana mah balik deui kana urusan politik sanajan 
jejerna kabudayaan oge. Ku atas nami demokrasi, kaputusan program-
program Pemda Jawa Barat teh (sok sanajan masyarakat Jabar umumna 
Urang Sunda) tetep kumaha perbandingan anggota dprd anu ngarojong 
kana program-program kabudayaan jeung anu henteu. Upamana wae, 
salian ti kasus candi Batujaya di Karawang anu kaluli-luli - padahal 
mibanda ajen penting dina elmu pangaweruh - oge kasus nyitak buku 
Sunda. Ceuk bocoran, taun hareup ukur aya 9 judul buku Sunda anu rek 
dipedalkeun ku program Pemda Jabar (bandingkeun jeung jumlah sakola 
jeung rahayat Jabar).


Hal-hal anu kasabit di luhur, biangna aya dina perbandingan anggota 
dprd Jabar. Antara  anu asli US bari kebek ku kasadaran budayana vs 
US tapi api lain vs anggota dprd anu lain asli US bari jeung teu 
boga girah kana ngamajukeun budaya US.

Aya alusna lamun nyieun kagiatan dina raraga "wanda politik" ieu. 
Upamana, ngusulkeun ka Pemda Jabar supaya aya sarupa "fit and proper 
test" anu salah sahijina pangaweruh jeung kasadaran kana 
nyalindungan budaya US. Lamun anu teu lulus eta test, wayahna teu 
meunang ngiluan jadi calon gubernur atawa calon anggota dprd.

Usul anu kadua, ngeunaan kependudukan. MAsing kalah kumaha oge, 
penduduk tetep nyekel pancen penting dina politik. Jeung deui daerah 
sejen mah geus mraktekeun hal ieu. Contona di Bali. Anu lain 
penduduk Bali teu bisa samanea cicing jeung usaha di wilayah Bali. 
Aya aturanana. 

cag.

manAR
Sun Rawayan Raksaning Gusti









--- In [email protected], Aschev Schuraschev 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kamari ngobrol sareng kang Marwan (rencang pasea dina ieu milis 
sual sajarah Karawang sababaraha sasih kapengker) ngeunaan situs 
candi ageung warisan Tarumanagara di Batujaya di Karawang. Malahan 
anjeunna ngajak sim kuring kanggo ningali eta situs dinten Saptu 
ieu, Ngan hanjakal sim kuring henteu tiasa nohonan pangajakna 
kumargi aya acara sanes dina dinten anu sami.
>  
> Dina obrolan eta, anjeunna ngadugikeun usulan kanggo ngadamel 
sareng ngintunkeun proposal nyuhunkeun bantosan ka Toyota (kaleresan 
pabrikna aya di Karawang) kanggo ngagali situs candi di Batujaya, da 
Pemda Jabar sareng Pemkot/kab Karawang mah ngacul-liurkeun kana 
warisan karuhun teh. Namung cenah hal lieu kedah dipadungdengkeun 
heula sareng unsur akademisi ku margi masalah arkeologi mah caketna 
sareng paguron luhur. Denget ieu kang Marwan palay komunikasi sareng 
kang Ganjar ngeunaan ha lieu.
>  
> Sakitu anu kapihatur, kanggo langkung jelasna, mangga kang Marwan 
lajengkeun.
>  
> Salam,
> Aschev
> 
> 
>       
_____________________________________________________________________
_______________
> Get easy, one-click access to your favorites. 
> Make Yahoo! your homepage.
> http://www.yahoo.com/r/hs
>


Kirim email ke