Numutkeun abdi mah....
Urang Sunda teh netelakeun ngahargaan kana dasar-dasar kahirupan.Sabab "elemen"
penting dina kahirupan dimana wae nyaeta CAI.
Dina sajarah pasti kahirupan manusia dimimitian ayana di sisi walungan,dimana
wae di sakabeh dunya. Nyaeta dimimitian dina zaman purba(baheula-tungtungna
baheula).
Fosil-fosil karuhun bangsa di dunya ayana pasti disisi walungan, anu deukeut ka
cai. Rek fosil urang Eropa, urang Afrika urang Amerika selatan jrrd.
Kahirupan zaman baheula dimimitian ti sisi walungan komo di walungan anu aya
sedimentasi taneuh anu pohara suburna. Taneuh ieu anu dianggo kanggo bubuara,
pepelakan jsb.
Conto cenah ....sajarah urang Mesir dimimitian di "delta(naon delta teh basa
sundana-nya?)" Walungan Nil, dugi ka disebat yen Mesir teh "ancient" titingal
manusia anu paling kolot pisan.
Teras di India aya anu disebat Mohenjodarro sareng Harappa anu ayana disisi
walungan upami teu lepat mah di Walungan Gangga.
Teras Bangsa Indian (amerika) anu ayana National Yellowstone Park aya walungan
oge di tengahna.
Teras urang Eropa oge ayana disisi walungan Rhein anu disisi walunganna aya
fosil karuhun bangsa eropa. Sok komo Pithencantrophus soloensis atanapi
javaensis mah ayana di walungan Bengawan Solo.
Rata-rata manusa baheula(purba) disisi walungan tosa gaduh
kabudayaan(kabiasaan) anu leuwih punjul tibatan anu manusa teras-terasan ngalih
(nomaden).
Siganateh urang sunda mah "bawah sadarna" geus kauger kuhiji hukum yen ngaran
tempat teh hubungan na sareng dasar-dasar kahirupan.
Untung we nya di daerah urang mah subur seueur cai....Bayangkeun kumaha upami
Wilayah Priangan siga Gurun, Gurun Sahara lah di Afrika atanapi Gurun Gobi di
China....robih panginten kabiasaan masihan nami tina Ci....
Tapi duka dina buku naon yen Priangan teh di sebatna "DICIPTAKAN OLEH TUHAN
KETIKA TERSENYUM" Tah keur mesem mah pasti alus alamna. Tapi sok jadi
pertanyaan naha Gusti Alloh sok mesem kitu? Upami sok mesem mah pasti sok
aya sifat kabalikkanana (ah buku eta mah heureuy meureun...!!!)
Upami abdi sigana teh turunan ti Pithecantropus cimanukesis kang! Duka
tah....tapi untungna abdi mah dedeganana tos ka asup manusa modern sareng
volume otakna tos rada gede janten tos tiasa kutak ketik sanaos sawelas ramo.
He..he...sabab cenah fosil diukur tina volume otak. Leuwih gede leuwih pinter.
Sareng waktos iraha hirupna diukur ku Waktu paruh, nyaeta peluruhan Hidrogen,
atanapi Oksigen eh hilap.....di alam. Unsur naon nya anu dipake kanggo waktu
paruh teh? Waktu paruh sok diangge oge dina masalah Kriminologi.
Punten ngacaprux..
Sahman
Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com