Keur Basa Sundana Delta bisa dipake kecap "Jojontor". Jojontor 
walungan, memang jadi hiji pilihan pangheulana ti para karuhun urang 
dina nangtukeun tempat padumukan nepi ka karaton atawa istana 
karajaan.

Sacara umum, cai (laut/basisir, walungan, talaga) keur suku bangsa 
mana wae memang jadi tempat kamekaran budaya anu pangheulana. Sabab, 
pangggampangna makena.

Sakitu heula, kahayong mah icikibung leuwih anteb dina ieu jejer anu 
narik ati pikeun neuleumanana.

manAR
--- In [email protected], Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Numutkeun abdi mah....
> Urang Sunda teh netelakeun ngahargaan kana dasar-dasar 
kahirupan.Sabab "elemen" penting dina kahirupan dimana wae nyaeta 
CAI. 
> Dina sajarah pasti kahirupan manusia dimimitian ayana di sisi 
walungan,dimana wae di sakabeh dunya. Nyaeta dimimitian dina zaman 
purba(baheula-tungtungna baheula).
> Fosil-fosil karuhun bangsa di dunya ayana pasti disisi walungan, 
anu deukeut ka cai. Rek fosil urang Eropa, urang Afrika urang 
Amerika selatan jrrd. 
> Kahirupan zaman baheula dimimitian ti sisi walungan komo di 
walungan anu aya  sedimentasi  taneuh anu pohara suburna. Taneuh ieu 
anu dianggo kanggo bubuara, pepelakan jsb.
> Conto cenah ....sajarah urang Mesir dimimitian di "delta(naon 
delta teh basa sundana-nya?)" Walungan Nil, dugi ka disebat yen 
Mesir teh "ancient" titingal manusia anu paling kolot pisan. 
> Teras di India aya anu disebat Mohenjodarro sareng Harappa anu 
ayana disisi walungan upami teu lepat mah di Walungan Gangga. 
> Teras Bangsa Indian (amerika) anu ayana National Yellowstone Park 
aya walungan oge di tengahna. 
> Teras urang Eropa oge ayana disisi walungan Rhein anu disisi 
walunganna aya fosil karuhun bangsa eropa. Sok komo Pithencantrophus 
soloensis atanapi javaensis mah ayana di walungan Bengawan Solo. 
> Rata-rata manusa baheula(purba) disisi walungan tosa gaduh 
kabudayaan(kabiasaan) anu leuwih punjul tibatan anu manusa teras-
terasan ngalih (nomaden). 
> 
> Siganateh urang sunda mah "bawah sadarna" geus kauger kuhiji hukum 
yen ngaran tempat teh hubungan na sareng dasar-dasar kahirupan. 
> Untung we nya di daerah urang mah subur seueur cai....Bayangkeun 
kumaha upami Wilayah Priangan siga Gurun, Gurun Sahara lah di Afrika 
atanapi Gurun Gobi di China....robih panginten kabiasaan masihan 
nami tina Ci....
> 
> Tapi duka dina buku naon yen Priangan teh di sebatna "DICIPTAKAN 
OLEH TUHAN KETIKA TERSENYUM"  Tah keur  mesem mah pasti alus alamna. 
Tapi sok jadi pertanyaan naha  Gusti Alloh  sok mesem kitu?   Upami 
sok mesem mah pasti sok aya sifat kabalikkanana (ah buku eta mah 
heureuy meureun...!!!)
> 
> Upami abdi sigana teh turunan ti Pithecantropus cimanukesis kang! 
Duka tah....tapi untungna abdi mah dedeganana tos ka asup manusa 
modern sareng volume otakna tos rada gede janten tos tiasa kutak 
ketik sanaos sawelas ramo. 
> He..he...sabab cenah fosil diukur tina volume otak. Leuwih gede 
leuwih pinter. Sareng waktos iraha hirupna diukur ku Waktu paruh, 
nyaeta peluruhan Hidrogen, atanapi Oksigen eh hilap.....di alam. 
Unsur naon nya anu dipake kanggo waktu paruh teh? Waktu paruh sok 
diangge oge dina masalah Kriminologi. 
> 
> Punten ngacaprux..
> 
> Sahman
> 
> Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>                     
> 
> 
> www.friendster.com/sahman
> www.geocities.com/ex_orientelux
>  Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com
>


Kirim email ke