Euleuh .... emang meni saunyudan nya geuningan nanamian nu ngawitanna tina "ci"
teh ....... Ku Bagja eta anu mere ngaran .......
Cingan Baraya ...... lamun kuurang dicokot hakekatna tina istilah "ci" ieu
saenyana mah pasti jero hartina teh. Sok cingan anu langkung terang .... cingan
kumaha atuh ari hakekat "ci / cai" teh da geuningan barudak baheula mah sok
guntur siloka sagala rupana teh ..... Naha atuh teu ku taneuh ..... angin....
atawa seuneu kituh ....!?
Da ari saenyana mah lain di Pasundan wae ieu aaranan anu dimimitian ku "ci /
cai" teh geura sok pangguarkeun. Ngan ieu mah sapangemut (da kabeneran dumuk di
Bali), ci atawa cai teh = yeh. Tah lain hiji dua ngaran patempatan di Bali anu
dimimitian tinu "yeh" samisal keur desa wae: Yeh Embang, Yeh Pulu, Yeh Kuning,
Yeh Biu, Yeh Mumbul, Yeh Maled, Yeh Gangga, Yeh Poh, Yeh Sanih, Yeh Lating, Yeh
Sumi, Yeh Penet, Yeh Sungi, Yeh Kori, jrrd.
Mugi aya manfaatna .....
hatur nuhun,
gl
------------------------
Dari: solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Selasa, 20 November, 2007 8:59:08
Abdi oge urang Ciamis. Di daerah simkuring seueur nami nu mimitian ku
"Cijeungjing, cidewa, cimaragas, citanduy, cijolang, ciburial, ciheuleut,
cibolang, cicangkrung, cipageuh, cimareme, cidolog, jrrd
Solihinyusuf
//////////// ///////// /////////
----- Pesan Diteruskan ----
Dari: Eman Suherman <emankutamaya@ yahoo.co. id>
Kepada: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Terkirim: Senin, 19 November, 2007 6:43:27
Topik: [Urang Sunda] Ngaran Patempatan di Pasundan
Ngaran Patempatan di Pasundan
Urang Sunda baheula resep pisan mere ngaran patempatan dimimitian ku Ci, keun
atuh ari ngaran walungan atawa susukan mah jamak dingaranan dimimitian ku kecap
Ci, sabab ceuk dina kamus basa Sunda oge Ci teh hartina cai. Geura ieu ngaran
walungan upamana bae walungan: Cilosari, Cimandiri, Cimanuk, Cisadane,
Cisanggarung, Citanduy, Citarum, Ciujung. Diitung teh moal kurang ti 60
walungan atawa oge komo jeung susukan mah ngarana dimimitian ku kecap Ci.
Da ieu mah ngaran patempatan, kadang teu aya hubunganana jeung cai, geura ieu
mun dipaluruh di Wikipedia ngaran kacamatan bae saheulaanan nu aja di provinsi
Jawa Barat. Panglobana ngaran kacamatan nu dimimitian ku kecap Ci nyaeta
Kabupaten Sukabumi. Kacamatan Cibadak, Cibitung, Cicantayan, Cicurug, Cidadap,
Cidahu, Cidolog, Ciemas, Cikakak, Cikembar, Cikidang, Ciracap, Cireunghas,
Cisaat, jeung Cisolok. Tuh nya, tina 45 kacamatan aya 15 kacamatan anu make
ngaran Ci..
Encan eta teh ngaran-ngaran gunung, pasir, lengkob, lelewek, pangangonan,
pamandian, paranti guyang munding, tonggoh, lebak, sawah, bebera, hulu cai,
jeung rea-rea deui. Di lembur kuring bae balatak ngaran patempatan anu
dimimitian ku Ci, Ciongka, Ciawitali, Ciheras, Cieurih, Cihonje, Cipaku,
Cipondok, jeung rea deui. Unik lain? Sok lah teangan dibeulahan dunya mana anu
bisa nyaruaan kabiasaan urang Sunda baheula mere ngaran patempatan, na ena
atuh! (tina: “la iya lah!”) moal aya..
________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/