ari ceuk toongan uing mah, sabab musababna manusa baheula hirup deukeut walungan teh, kulantaran can bisaeun nyieun generator keur nyedot cai. cacak mun geus bisaeun nyieun sumber cai mah, bisa lain deui dongenna. tah ari sabab musabab harirup di guha, nya jiga di luhur, sabab can bisaeun nyeiun gedong jangkung. hahaha. (mh)
On 12/6/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Guha kaasup tempat jieunan alam anu mimiti dieusian ku jelema. > Tegesna, guha-guha, komo anu ayana di basisir mah (boh basisir sagara, > talaga atawa walungan) gede kamungkinan jadi urut padumukan manusa pra > sajarah. Seueur fossil ti mangsa kabudayaan pra sajarah kapendak ti > guha-guha (Contona, anu hade: lukisa sato di guha-guha di Kep. Muna, > Sulawesi Tenggara). > > Guha Pawon, dina buku seratan kelompok riset cekungan Bandung aya > kamungkinan teu pati jauh ti hiji talaga. Lamun ayeuna mah pernahna > teh di lengkob handapeun pasir2 kapur anu ngajalegir di Padalarang, > katuhueun jalan ti Bandung ka Cianjurkeuneun mah. > > Jadi, kabayang...manusa pra sajarah Bandung, pasosorer ngabaranding na > panto guha nyawang ka tebeh kaler talaga anu endah. > > Cag heula. > manAR > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, kumincir > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Perkawis kapendakna fosil di guha Pawon, kumaha tah, Mang? Naha > memang dina > > mangsa ka tukang Guha Pawon teh caket ka cai? > > > > On 11/21/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Keur Basa Sundana Delta bisa dipake kecap "Jojontor". Jojontor > > > walungan, memang jadi hiji pilihan pangheulana ti para karuhun > urang > > > dina nangtukeun tempat padumukan nepi ka karaton atawa istana > > > karajaan. > > > > > > > >

