Guha kaasup tempat jieunan alam anu mimiti dieusian ku jelema. 
Tegesna, guha-guha, komo anu ayana di basisir mah (boh basisir sagara, 
talaga atawa walungan) gede kamungkinan jadi urut padumukan manusa pra 
sajarah. Seueur fossil ti mangsa kabudayaan pra sajarah kapendak ti 
guha-guha (Contona, anu hade: lukisa sato di guha-guha di Kep. Muna, 
Sulawesi Tenggara).

Guha Pawon, dina buku seratan kelompok riset cekungan Bandung aya 
kamungkinan teu pati jauh ti hiji talaga. Lamun ayeuna mah pernahna 
teh di lengkob handapeun pasir2 kapur anu ngajalegir di Padalarang, 
katuhueun jalan ti Bandung ka Cianjurkeuneun mah.

Jadi, kabayang...manusa pra sajarah Bandung, pasosorer ngabaranding na 
panto guha nyawang ka tebeh kaler talaga anu endah.

Cag heula.
manAR

 
--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Perkawis kapendakna fosil di guha Pawon, kumaha tah, Mang? Naha 
memang dina
> mangsa ka tukang Guha Pawon teh caket ka cai?
> 
> On 11/21/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Keur Basa Sundana Delta bisa dipake kecap "Jojontor". Jojontor
> > walungan, memang jadi hiji pilihan pangheulana ti para karuhun 
urang
> > dina nangtukeun tempat padumukan nepi ka karaton atawa istana
> > karajaan.
> >
>


Kirim email ke