Baraya, dinten Sabtu kieu tipada ngalamun teu puguh, ningan ngorong... eh, 
ngengklokan ah...

Nyanggakeun,
ro2

Dua poe katukang, tas balik gawe, biasa we naek jemputan, beus kota Damri tea 
(punten baraya, ngadongeng teh sok diajak we sangsara ku abdi mah* naek beus. 
Saur lagu Ahmad Albar tea mah,"Beginilah, jadi orang yang tak punya* kemanapun 
naik bis kota..." ).  Nepi ka hareupeun gedong Bank Indonesia, geus narungguan 
barudak SMA. Biasa we ari barudak sakola mah sok recok. Aya nu ngabuciay we... 
ngawangkong jeung babaturanana, aya nu jejeritan we* aya nu cicirihilan, aya nu 
ngaheureuyan we kenek, aya nu samutut ngadaharan gorengan,..srrd.

Kusabab beus pinuh, maranehna nangtung tukangeun kuring, bari angger galecok. 
"Ieuh, urang mah kabagean tugas ti guru, titah nyieun makalah Global Warming 
tapi ku Basa Sunda, ni hese aing mah*!" 
"Nya, hese euy, ngarti mah ngarti naon nu disebut Global Warming teh, tapi ari 
kudu dikana basa Sundakeun kumaha atuh nya? Hese ngedalkeunana, guru teh 
aya-aya bae*mangkaningan kudu dikumpulkeun isukan*!"
Ngadenge kitu kuring ge ngahuleng, enya bener*ari Global Warming basa Sundana 
naon? Panas Sarerea?*heuheu*(cik, baraya saha nu terang? Manga, diantos 
pedaranana. Nuhun sateuacana*).

Sabenernamah kuring ge sok keueung, hariwang & raringrang. Ningali kaayaan hawa 
kiwari nu teu bisa dikira-kira, sakapeung panas mentrang ereng-erengan* teu 
lila hujan angin dor dar gelap matak pikahariwangeun. Komo di wewengkon Bandung 
mah loba pisan tangkal nu umurna geus ratusan taun, remen kadange aya nu maot 
katinggang tangkal badag. Tong boroning keur hujan ngagebret kitu, teu hujan 
teu angin ge ujug2 runtag we ninggang jelema nu lalar liwat.

Ari dina waktuna halodo, kurat karet kurang cai, teu sidikna make cai teh 
diemet-emet, ceuk nu bohong tea mah mandi ge sasiwur sewang. Tuda teu rek 
kurang cai kumaha? da taneuhna ge geus teuas, baroraah keur nyerep cai, 
pori-porina geus katutup aspal jeung beton, datang hujan kalahka banjir. 

Alhamdulillah ketang, kiwari loba jelema nu geus "insap" jeung sadar kana 
lingkungan.  Dititenan  teh Pemkot Bandung geus aya "uget" disisi jalan 
ayeunamah geus dipelakan tatangkalan lolobana  Mahoni. Di Leuwi Panjang nu 
tadina loba warung liar, geus diincahekun diganti ku pepelakan nu rada kerep. 
Hanjakalna teh loba keneh jalema nu dipelakan di hareupeun imahna teu malire. 
Padahal dibere, jaba dipangmelakeun, diantep tara diceboran nungguan hujan ti 
langit meureun... Tungtungnamah daunna gararing*leuheung mun aya nu hirup, 
lolobana paeh*mubadir.

Sakapeung kuring sok ngimpi, mun di unggal RT teh diayakeun kawajiban melak 
tangkal gede rek, bungbuahan rek kai* tong loba-loba hiji weh. Eta pepelakan 
teh mangrupa salah sahiji syarat keur nyieun KTP/KK, jadi daek teu daek warga 
kudu melak tatangkalan. Mun imahna heureut buruan, nya dipelakkeun di sisi 
jalan, tegalan kosong, leuweung atawa pasir gundul. Mun ieu ngimpi jadi nyaan & 
kaumuran, kacipta Indonesia teh bisa hejo ngemplo, sirah cai arayaan deui*cur 
cor dimana mendi*

Kungsi maca dina koran, aya hiji SMP di Bandung (he love deui namina* pokonamah 
SMP Karesten) nu ngawajibkeun murid-muridna melak hiji tangkal, ti mimiti 
leutik nepi ka gede tur kudu bener-bener diinguna. Unggal tilu bulan sakali 
kaayaan pepelakan dilaporkeun ka guruna keur dipeunteun diasupkeun ka salah 
sahiji mata pelajaran di sakola. Mun kabeh sakola?... Global Warming-na ge 
ngarengkog deui*

ro2 




>>> [EMAIL PROTECTED] 11/24/07 12:30AM >>>

Kiwari, rea pisan jalma anu ngaributkeun  "Global Warming". 
Ieu Global Warming teh memang sanes masalah nu hampang. ti mimiti soal 
penipisan ozon, efek rumah kaca, perubahan iklim, proses pencairan es di kutub 
jeung rea rea deui , matak pihariwangeun wungkul. Saurna, bencana alam sapertos 
banjir sareng badai teh beuki rongkah lantaran ayana Global Warming.
Sok keueung mun ngadangu berita nu ngawanti - wanti  bencana naekna permukaan 
air laut lantaran global warming,,,meureun mun sadaya es di kutub   mencair, 
dunya teh bakal kakeueum.
Janten ras kana katerangan ti Alloh nu Maha Kawasa yen sagala karusakan di bumi 
ieu teh balukarna ti lampah manusa sorangan.
memang, manusa ge teu cicing dina nyanghareupan ieu Global warming teh. Seueur 
program nu dirancang nyaeta membuat bahan bakar ramah lingkungan, penghijauan, 
dan sebageynya :). 
Tapi, berhasil henteu na mah duka teuing da geuning nu penghijauan-penghijauan, 
nu ngaluark eun emisi gas CO2 mah tetep mahabu.

Kirim email ke